2 July 2024 10:10
Sastra dan Budaya

Sajak-sajak Imam Mutaqin (Guru di SMPN 1 Arjasari)

Lalakon

Teuing geus nepi mana ieu lalampahan

Ngagulang gaper lalakon nu tuluy nyemprung

Minangka saha kuring dina ieu carita

Da geuning mindeng malih warni

Sri Rama jeung Dasamuka silih ganti

Ngabaju dina diri

 

Lebakwangi, 21 Maret 2019

Hamo Mulang

Geus jauh lengkah teh

Ulah digentraan deui

Da kuring hamo malik

Teu wasa mulang

Palias nyorang

Panonpoe geus sumorot

Mapag diri nu boborot

Lamokot ku kokotor

 

Lebakwangi, 21 Maret 2019

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *