Sastra dan Budaya Sajak-sajak Imam Mutaqin (Guru di SMPN 1 Arjasari) admin 3 August 20226 August 2022 0 Comments Lalakon Teuing geus nepi mana ieu lalampahan Ngagulang gaper lalakon nu tuluy nyemprung Minangka saha kuring dina ieu carita Da geuning mindeng malih warni Sri Rama jeung Dasamuka silih ganti Ngabaju dina diri Lebakwangi, 21 Maret 2019 Hamo Mulang Geus jauh lengkah teh Ulah digentraan deui Da kuring hamo malik Teu wasa mulang Palias nyorang Panonpoe geus sumorot Mapag diri nu boborot Lamokot ku kokotor Lebakwangi, 21 Maret 2019