7 April 2025 10:16
Sastra dan Budaya

NARAWANG

NARAWANG

(Samsudin Cangkuang)

Cicing cineluk ngalamun semu keur bingung
Ngalantung nangtung teu puguh tujuan
Lempang ngalayang teu boga udagan
Saha anjeun?
Dimana anjeun?
Naha bet mere sora tanpa rupa?
Naha bet mere pituduh tampa wujud?
Naha bet mere kahayang tanpa kalangkang?
Saha anjeun
Dimana anjeun
Nyatakeun atuh sora meh jelas!!
Wujudkeun atuh pituduh meh puguh!
Bugangkeun atuh sakabeh kalangkang meh atra!
Saha anjeun
Dimana anjeun
Sora anjeun, pituduh anjeun,kalangkang anjeun nguntit meulit na diri
Rumasa laif
….
Sungsi diri meh sakti…
Sipuh wujud ku elmu meh linuhung…
Rajah atuh raga jeung rasa meh perkasa
Sangkan pinanggih hirup jeung huripna
Bagja raharja mulus rahayu..
Sayulu jeung pituduh….

Cangkuang, 13 Feb 2023

“KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG”

“KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG” OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA “Katempuhan buntut maung” dalam bahasa Sunda berarti “menanggung akibat dari perbuatan orang lain”

Read More »

Gunung Kalut

Gunung Kalut (Tatang Rancabali) Gunung Tambakruyung terhuyung tertutup kabut Tingginya terhimpit langit Mengecil kerdil Kini hanyalah sejajar dengan gubuk lapuk

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *