5 October 2024 18:10
Berita DaerahSastra dan Budaya

Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

 
HIBAR PGRI – Unggal 21 Pébruari, urang mièling Poe Basa Indung Internasional, atawa International Mother Tongue Day. Indonèsia euyeub ku basa indung. Kumaha ketak budayawan Kabupaten Bandung, H. Heri Heryadi, dina nanjeurkeun basa Sunda?
 
Miara jeung nanjeurkeun basa Sunda, numutkeun Abah Awie, nénéhna Heri Heryadi, basa Sunda kudu digunakeun dina gunem catur sapopoè di imah.
 
“Larapkeun ka anak incu dina gunem catur sadidinten di bumi. Ieu nu pangpentingna mah. Kumaha basa Sunda bisa nanjung, tetep kajaga mun seug biangna, ramana, uyut éyangna sadidintenna di bumi teu nyarios ku basa indung?!” ceuk Abah Awie basa ditepungan di padumukanana, Kampung Burujul, Desa Mekarrahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung, Senén (20/2/2023).
 
Baca Juga: Mapag Poé Basa Indung 21 Februari 2023, Hadi AKS: Basa Sunda Terus Mekar Luyu jeung Pajamanan
 
Di Kabupaten Bandung, numutkeun Abah Awie, geus diprogramkeun Rebo Nyunda sanajan Rebo Nyunda tèh saenyana geus dilarapkeun di Kota Bandung.
 
 
Leupas tina pasualan èta, Abah Awie miharep lamun enya malirè kana basa Sunda, mangka gunakeun di kantor-kantor Pemda.
 
“Mun seug aya nu nyebutkeun, apanan di kantor tèh rupi-rupi, teu ukur urang Sunda? Enya, tapi inyana calik di mana. Nya wayahna kudu nyunda,” pokna.
 
Ceuk Abah Awie, urang ulah sieun salah nyarita ku basa Sunda, tepi ka jadi alesan teu nyarita basa ku Sunda. “Teu kedah sieun lepat da teu lepat. Upamana kecap dahar, tuang, neda, nyatu, kari merenahkeun, kecap dahar kanggo ka saha, tuang kanggo ka saha, jeung saterusna. Nu terang ngawartosan, noèl, ngèlingan nu teu terang. Nu dièlingan teu kéngéng ambek, sumawonna pundung mah,” pokna.***
 
 
 
 
 
 
 

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *