5 October 2024 22:27
Sentuhan Qalbu

Lèah “Ngèsèr”

Lèah “Ngèsèr”
Ku,  Dedeng S. Mutakin,S.Pdi

Dina surat Al Mujadilah ayat 11, :
“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Upama aya nu nyarita ka maranéh “ngésér “, geura ngalésér maranéh (méré tempat keur batur) tanwandé Allah bakal ngaganjar ka maranéh ku kalaluasaan. Jeung upama dicaritakeun, “Jung narangtung!” nya maranéh geura narangtung, tanwandé Allah bakal ngangkat sababaraha darajat jalma-jalma anu ariman jeung anu dipaparin élmu diantara maranéh, jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku maranéh dilampahkeun.
Singgetna tina asbabul nuzul dina ayat ieu téh ngeunaan panghormatan rasululllah ka jalmi anu nembé sumping kana riungan rasulullah, namung  teu kabagéan tempat , da kumargi seuer sahabat anu hoyong caket ngadarangukeun piwuruk ti rasul. Rasulullah, sabagé pamingpin dina majelis waktos harita, miwarang “ngésér ‘ pikeun méré tempat ka anu nembé sumping.
Kalayan didorong ku Kaimanan sareng taat ka Rasul, para sahabat léah manah ku  ngalésér pikeun méré tempat ka anu nembé sumping dugi kabagéan tempat calikna.
Ku ningal adab dina paripolah para sahabat nampi tina putusan pamingpin pikeun ngésér  téh, tangtos didorong ku  élmu anu yakin, wiréh léah manah  tèh bakal kénging ganjaran ti Allah ku kalaluasaan dina kahirupanana.
Tangtos perkara ieu, kagungan aweuhan anu lega, boh dina riungan, malah jawatan anu aya dina ruang lingkup anu ngawengku kahirupan jalma.
Sabab teu kurang alesanana, saupama aya jalma anu kudu ‘ngèsèr pikeun mèrè tempat ka anu lian, teu bisa narima? Padahal putusan ti pamingpinna tèh kalayan makè èlmu.
Pon kitu deui, dina kaluarga, teu kurang apan nyebutkeun teu adil, ku sabab asa dibèdakeun tur ngarasa diwilah-wilah dina kanyaahna ka anu jadi barudakna.
Mangka upama seug tèa mah putusan anu janten pamingpin terus tepika kudu ‘ngèsèr” saupama ditarima kalayan sadrah diri dina ngèsèrna tèh, mangka tangtu bakal hadè pikeun dirina sorangan, tur bakal lèah manah. Sabab kadua mah putusan pikeun ngèsèr tèh beunang pipikiran anu pinuh ku èlmu ti anu jadi pingpinanana.
Lèah manah ‘ngèsèr’ pikeun anu sanèsna tèh, anu kaimeut gampilna mah, batur jadi kabagèan tempat. Padahal langkung tidinya, nyaèta utamana mah pikeun dirina sorangan tèh, Allah bakal maparin ganjaran ku kalaluasaan dina sagala kahirupanana, upama cohagna mah, sakali maparin kalapangan pikeun anu sanèsna, anu dipaparinkeunana ku Allah na mah kalapangan anu kacida lobana.
Boh lèah manah dina ‘ngèsèr’, ku lèah manah tèh geningan bisa ngahualkeun
Peradaban islam anu hèbat.
Pon kitu deui, nalika aya anu nyarita
‘Jung narangtung’, mangka ‘Jung geura narangtung!’

Panulis, Seksi Kerohanian PGRI Cab. Soreang
(Disarikeun ti Ustadz Drs. Faridl Al-Amin dina Pengajian  Al- Furqan, Bojongkunci)

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *