Lèah “Ngèsèr”

Lèah “Ngèsèr”
Ku, Dedeng S. Mutakin,S.Pdi
Dina surat Al Mujadilah ayat 11, :
“Yeuh jalma-jalma anu ariman! Upama aya nu nyarita ka maranéh “ngésér “, geura ngalésér maranéh (méré tempat keur batur) tanwandé Allah bakal ngaganjar ka maranéh ku kalaluasaan. Jeung upama dicaritakeun, “Jung narangtung!” nya maranéh geura narangtung, tanwandé Allah bakal ngangkat sababaraha darajat jalma-jalma anu ariman jeung anu dipaparin élmu diantara maranéh, jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku maranéh dilampahkeun.
Singgetna tina asbabul nuzul dina ayat ieu téh ngeunaan panghormatan rasululllah ka jalmi anu nembé sumping kana riungan rasulullah, namung teu kabagéan tempat , da kumargi seuer sahabat anu hoyong caket ngadarangukeun piwuruk ti rasul. Rasulullah, sabagé pamingpin dina majelis waktos harita, miwarang “ngésér ‘ pikeun méré tempat ka anu nembé sumping.
Kalayan didorong ku Kaimanan sareng taat ka Rasul, para sahabat léah manah ku ngalésér pikeun méré tempat ka anu nembé sumping dugi kabagéan tempat calikna.
Ku ningal adab dina paripolah para sahabat nampi tina putusan pamingpin pikeun ngésér téh, tangtos didorong ku élmu anu yakin, wiréh léah manah tèh bakal kénging ganjaran ti Allah ku kalaluasaan dina kahirupanana.
Tangtos perkara ieu, kagungan aweuhan anu lega, boh dina riungan, malah jawatan anu aya dina ruang lingkup anu ngawengku kahirupan jalma.
Sabab teu kurang alesanana, saupama aya jalma anu kudu ‘ngèsèr pikeun mèrè tempat ka anu lian, teu bisa narima? Padahal putusan ti pamingpinna tèh kalayan makè èlmu.
Pon kitu deui, dina kaluarga, teu kurang apan nyebutkeun teu adil, ku sabab asa dibèdakeun tur ngarasa diwilah-wilah dina kanyaahna ka anu jadi barudakna.
Mangka upama seug tèa mah putusan anu janten pamingpin terus tepika kudu ‘ngèsèr” saupama ditarima kalayan sadrah diri dina ngèsèrna tèh, mangka tangtu bakal hadè pikeun dirina sorangan, tur bakal lèah manah. Sabab kadua mah putusan pikeun ngèsèr tèh beunang pipikiran anu pinuh ku èlmu ti anu jadi pingpinanana.
Lèah manah ‘ngèsèr’ pikeun anu sanèsna tèh, anu kaimeut gampilna mah, batur jadi kabagèan tempat. Padahal langkung tidinya, nyaèta utamana mah pikeun dirina sorangan tèh, Allah bakal maparin ganjaran ku kalaluasaan dina sagala kahirupanana, upama cohagna mah, sakali maparin kalapangan pikeun anu sanèsna, anu dipaparinkeunana ku Allah na mah kalapangan anu kacida lobana.
Boh lèah manah dina ‘ngèsèr’, ku lèah manah tèh geningan bisa ngahualkeun
Peradaban islam anu hèbat.
Pon kitu deui, nalika aya anu nyarita
‘Jung narangtung’, mangka ‘Jung geura narangtung!’
Panulis, Seksi Kerohanian PGRI Cab. Soreang
(Disarikeun ti Ustadz Drs. Faridl Al-Amin dina Pengajian Al- Furqan, Bojongkunci)

Wakil Bupati Bandung Ali Syakieb Lepas 700 Peserta Mudik Gratis Tujuan Surakarta dan Yogyakarta
HIBAR – Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Bandung melalui Dinas Perhubungan menyelenggarakan mudik gratis pada bulan suci Ramadan dan jelang Lebaran Idulfitri

REGENERASI PETANI DAN MASA DEPAN SEKTOR PERTANIAN
REGENERASI PETANI DAN MASA DEPAN SEKTOR PERTANIAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Munculnya kecenderungan kaum muda perdesaan semakin enggan jadi petani

Menangislah (Akhir Ramadhan)
EDISI AKHIR RAMADHAN Jum’at, 28 Maret 2025 Shaum Ramadhan hari ke 28 bismillahirahmanirahim Assalamu’alaikum wrm wbrkt 💦💦 MENANGISLAH… Saudara2ku yang

MEMASUKI BABAK FINAL 2, PEJUANG DI FINALIS RAMADHAN
EDISI RAMADHAN Kamis, 27 Mei 2025 Shaum Ramadhan Hari ke 27, bismillahirahmanirahim Assalamu’alaikum wrm ebrkt MEMASUKI BABAK FINAL 2, PEJUANG

MEMPERTANYAKAN KEBIJAKAN KETAHANAN PANGAN NASIONAL
MEMPERTANYAKAN KEBIJAKAN KETAHANAN PANGAN NASIONAL OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Bagi bangsa kita, Ketahanan Pangan merupakan salah satu indikator penting dalam

Forkopimda Kabupaten Bandung Bentuk Satgas Pemberantasan Premanisme, Ini Tugas dan Fungsinya
HIBAR- Jajaran Forkopimda Kabupaten Bandung melaksanakan Apel Kesiapsiagaan Satuan Tugas Pemberantasan Premanisme di Kabupaten Bandung. Apel kesiapsiagaan Satuan Tugas (Satgas)
