7 July 2024 01:23
Sastra dan Budaya

Umur Kuwung-kuwung

Umur Kuwung-kuwung

(Tatang Rancabali)

Peuting nu ngagayuh ka janari leutik
Sepi jempling mawa tingtrim kana ati
Gaang darat mapaésan simpé taya kendatna
Pacampur sora aweuhan cai solokan ngorolok

Angin téh leuir datangna
Taya daya ngahihidan awak kuring
Nu kiwari ngahéab panas
Bakating baluas nitétanan pangeusi dunya

Teu sadar diri maju tengah tuwuh
Sirah mimiti cetuk huis
Rambang paselang hideung jeung bodas
Cicirén geusan sumérén
Sumerah pasrah ka nu maha kawasa

Ngérélék cai pancuran
Mawa jiwa beberesih
Mémérés jalan kahirupan
Kuwung-kuwung umur nu melengkung
Seja ngudar dosa salila kumelendang ngumbara di ieu dunya

Néang dumuk nu saéstu
Saméméh ngalumburuk ngalumbuk buruk
Hayang mulang mawa bagja
Sabab jaga lain ukur bilatungan
Hirup kudu balitungan

Rancabali, 24-02-2024:01.35

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *