7 July 2024 01:03
Sastra dan Budaya

Ukur Sawangan

Ukur Sawangan
 
(Tatang Rancabali)
 
Anjeun ngagalindengkeun dangding katineung ati
Ngagerentes témbrés béntés ngolémbar haté
Tétéla angin ngoyagkeun dangdaunan mawa salempang
Ku hariwang nyemplakeun dahan kamelang
 
Kararas gugupay ku matak waas
Rungkun cau bangun narungguan
Ngahiap-hiap gura giru miang
Tuturkeun kuring ka lembur singkur sisi gunung
 
Rus ras kagagas mangsana lawas
Saliwat anjeun ngiwat tibelat
Mapaésan haté nu keur simpé
Nyangreud pageuh tambah deudeuh
 
Neuteup seukeut anteb keleyengna haseup
Nu masieup langit mimiti ngaleungit
Reup reueuk rumeuk maleukmeuk
Kabawa awun-awun kajurung halimun
 
Panon poé talangké ku nyalsé
Ngajurungan hiliwirna angin soré
Sangkan alam tetep katanggar éndahna
Hégar tetempoan sanajan ukur Sawangan
 
Rancabali,13-04-2024:15.14
 
 
 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *