5 October 2024 23:37
Opini dan Kolom Menulis

Turunan

Turunan
Fiksimini Ku: Abah Wandy
 
 
 Abong kulawarga seniman sok aya-aya we anu ngaranna pikaseurieun teh. Komo deui ieu Bapana katelah bodor sohor ampir tilu generasi, ti mimiti generasi Baby Boomer, generasi X nepi ka generasi Z ayeuna. Sok sanajan bari jeung titatarajong manehna satekah polah ngaapdet status sangkan ulah tinggaleun teuing ku barudak zaman ayeuna. Barudak zaman kiwari mah cenah hirupna teu bisa leupas tina internet, tapi geus bisa hirup mandiri, ngan hanjakal cenah sok resep ngumbar privasi. 
Moal bireuk ngaran Mang Yuzu di kampung eta mah. Ngan nya kitu lamun nanyakeun ngaran asli mah moal aya nu apaleun, bujengning budak bolon dalah aki-aki tujuh belas mulud oge yakin surayakin moal aya nu nyahoeun. Hampura kuring oge moal bisa ngabejakeun ngara aslina mah, sabab kuring lahir ti generasi Baby Boomer. Anu teu sagawayah ngumbar privasi
 
 Ari pamajikanana sarua deuih saprofesi, seniwati ahli tari jeung resep ngawih wedalan ti ISBI lamun ayeuna mah. Ngan kusabab baheula mah kolotna teu pati malire kana pendidikan, sok sanajan aya sakolaan seni oge. Omongna teh “Ah geus we anu tereh, hasil nyinden unggal panggung oge lumayan,” pokna harita
 
 Ceu Ety katelahna mah, estuning awewe binangkit, parigel pisan jeung ssagala bisa, ngaput, nyulam jeung ngaronda geus jadi pagawean maneuh sapopoe lamun keur pareng pere manggung. Pangawakan jangkung leutik alus rupa hade sora nyandingkeun Mang Yuzu anu kasep tur perceka, atuh puguh we anu geulis nyandingkeun nu kasep. Nurub cupu ceuk kolot tea mah. Gubragna ka turunanana teh, hiji oge euweuh nu misleuk, estuning karasep kabeh, teu beda jeung nu nulis, kasep
 
 Anakna kabeh lalaki, ninggang kana basa kirata tina lalaki nyaeta ula-ala loba kabeuki. Alhamdulillah kabeh sukses dina widang seni, alhasil cepeng gawe barudakna teh teu jauh jeung profesi indung bapana, jadi seniman. Aya nu jadi bentang film malah anu jadi sutradara oge aya. Padahal anu bungsu mah alumni ti jurusan perkapalan, ari ayeuna profesi jadi bentang film. Bae nya teu nyambung oge, da euweuh sarat baku pikeun jadi artis atawa bentang film mah
 
Apan tadi oge geus disebutkeun, sagala oge kumaha bibit, kumaha turunan. Pek bandungan, lamun domba garut dikawinkeun jeung domba garut deui geus pasti anakna teh domba. Perpaduan dua sipat anu alus pasti bakal ngahasilkeun deui sipat anu alus. Conto sejen supaya leuwih jelas sok bandungan. Tangkal sampeu dikawinkeun jeung tangkal kawung bisa ngahasilkeun gegetuk nya, kitu deui embe banggala dikawinkeun jeung dreum apan hasilna teh bedug. Oge tong salah lamun indungna dugul bapana butak, gubrag teh kadunya sirah anakna pitak sabeulah. Tong reuwas atawa helok da turunan tea
“Bener pisan Jang. Hayam pelung dikawinkeun jeung kalapa oge apan jadi opor, he he he …,” tempas Kang Yuzu. *** Cag heula
 

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *