19 April 2025 02:37
Sastra dan Budaya

Seahna Rasa

Seahna Rasa

(Tatang Rancabali)

Kadenge sora adan ti kajauhan
Melas melis katebak angin subuh nu tiis
Awor ku cai solokan nu ngagolontor
Seah minuhan rasa kawaas

Awak nu asa pasiksak
Sapeupeuting gulang guling
Ngararasakeun kahariwang
Palias panyakit datang

Rus ras waas ku baluas
Diri ulah panggih deui balai
Kiwari ngajirim bukti
Anjeun jiga api lain

Kageugeut nu kungsi maneuh
Ayeuna ciga nu udar
Tangkeup geugeut geus ngendoran
Ngalesah bangun nu suda
Ah meureun waktuna
Anjeun katambias rasa

Saukur diri rumasa
Dek diasah kusajadah
Malah mandar diri pasrah
Sadaya mung kersa Anjeuna
Alloh nu Maha kawasa

Rancabali, 10-11-2023:04.16

JEBAKAN IJON !

JEBAKAN IJON ! OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Ijon adalah praktik jual beli atau perjanjian pinjaman yang melibatkan tanaman atau hasil

Read More »

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah Hj. Teti Yatmikasari, S.Pd, MM Kepala SDN Majalaya 09 Kab Bandung Semoga almarhum diampuni dosanya

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *