4 July 2024 10:56
Sastra dan Budaya

Sayuta Rasa

Sayuta Rasa

Ku: Abah Wandy

 

Dina ngalabelan dagangan saeutikna oge kudu aya rasa bombastis, sangkan batur panasaran, hayang nyaho, hayang nyoba, beh dituna hayang ngasaan, terus meuli. Lamun rasana ngeunah, cocok jeung selera, tur nyugemakeun pasti bakal katagihan, deudeuieun, terus bakal jadi langganan, malah bakal jadi promotor anu ngaiklankeun sacara haratis. Ngan teu cukup ku kitu wungkul ari hayang payu mah, sabab aya keneh hal sejena anu kudu diperhatikeun ku urang, saperti kemasan anu kudu bisa narik nu rek meuli, kitu deui harga anu basajan, maksudna henteu mahal, tapi urang geus boga untung, pelayanan anu maksimal, oge tempat anu matak pikabetaheun

 

Ngan geus jadi kabiasaan bangsa urang anu teu sadar bakal mogogkeun kahareupna, lamun dagangan payu sok ngadak-ngadak robah kalakuan, porsi dileutikan, dikurangan eusina, sagala dikurangan da ngarasa payu tea, tungtungna robah rasa, robah pelayanan, malah teu saeutik oge sok buru-buru ngarobah harga. Padahal kalakuan model kitu teh awal tina kaancuran usaha

 

Lamun te mah rek ngarobah harga, pedah beubeulieun jadi naraek, saruakeun atuh gedena jeung naekna hahargaan, ngan poma ulah rek ngarobah rasa, jeung ngarobah pelayanan. Sabab kabandungan hal saperti kitu mindeng dilakukeun, lain ku saurang dua urang, tapi loba. Tungtungna geus bisa ditebak, bangkrut we kaditu teh, pan riweuh geus kitu mah

 Jalma kreatif pituin urang Garut anu henteu kasengker ku umur kawilang loba pisan, contona ngalabelan ngaran dodol anu aneh-aneh, padahal sarua dasarna mah ketan keneh, rasana dodol keneh dodol rasa keju (dosaku), dodol rasa bubuahan (dosahan), brownies dodol (brodol), oge kahareup jigana bakal aya dodol rasa kalapa (doraka). Kitu deui di Ciamis kota produsen galendo anu rasana ngahaja jadi aneka rupa, galendo rasa coklat, rasa susu, rasa pisang, rasa strawberry, jeung rasa nanas

               Nyonto kreativitas batur, horeng urang Kadungora oge teu eleh pinter, tah turutan Aki Ija urang Rancasalak, Aki-aki kreatif zaman now, najan wedalan Gen Kolonial oge, manehna moal eleh ku barudak Gen Z ayeuna, geus diprogram tibeh ditu keneh, cenah manehna hayang nyiptakeun inuman khas sunda bajigur rasa anyar

“Aing moal eleh ku barudak jaman ayeuna anu bisa nyiptakeun itu ieu, aing hayang nyobaan kumaha ngeunahna bajigur lamun ditambah susu, atawa ditambahan bubuahan. Rek dicobaan siah,” gerentesna

Deker manehna nyieun bajigur sakumaha mistina, geus biasa keur nyieun percobaan ngahaja dipasing-pasing jadi sababarah gelas. Sakumaha ceuk kahayang tadi, wadah nu kahiji dicampur susu, anu kadua pisang, jeung anu sejena nangka, nanas, strawberry, jeruk, jeung saterusna

“Cing Nini ieu pangasaankeun bajigur, ngeunah henteu?” omongna bari ngasongkeun gelas bajigur anu dicampur susu

“Asa beda ieu mah bajigur teh, make nanahaon Aki?” tanya si Nini bari melong salakina

“Anu eta mah dicampur ku susu skim deuleu, ngeunah henteu?” ceuk si Aki panasaran

“Ke poho deui rasana, asana mah ngeunah,” tembalna bari ngaregot deui eusi gelas. Abong Nini-nini cikeneh pisan ngaregot geus poho deui

“Ngeunah aki …, asa jadi leuwih gurih rasana teh,” tembalna bari kop deui kana gelas sejen eusi bajigur anu geus dicampur jeung rasa bubuahan lainna

“Kumaha manehna ngeunah henteu rasa anu sejenna?” si Aki beuki panasaran

“Iih ngeunah geuning nu ieu oge, seger, matak jag-jag kana awak. Ngan gelas anu itu tuh, anu katujuh mah aya rasa paitan, make campuran naon eta?” ceuk si Nini panasaran

“Anu mana manehna?” si Aki nanya rada helok

“Heu ieu gelas anu katujuh,” tembalna bari ngasongkeun gelas, gap ku si Aki ditampanan

“Astagfirullahaladzim … naha jadi aya paria dina gelas,” ceuk si Aki bari nitenan gelas anu dibikeun ku si Nini. Sakedapan si Aki ngahuleng, kumaha mimitina paria jadi aya dina gelas

“Naha manehna bet jadi aya paria dina gelas, teu ngarti kami mah,” ceuk si Aki bingungeun

“Haar duka teuing atuh teu apal, kami mah titatadi oge diuk di hareup ngerod kutang,” tembal si Nini milu bingung. Duanana pating haruleng bingungeun

“Cing ari nu ieu anu dina buleng kumaha rasana bisi poho ngasupkeun samara,” gerentes si Aki bari nyiuk sacentong sok dicicikeun kana gelas, regot diinum bari dirasa-rasa

“Cing manehna ieu asaan bajigur naha bet jadi beda kieu rasana,” ceuk si Aki bari ngasongkeun gelas ka si Nini, gap ditampanan terus diinum saeutik

“Enya Aki asa beda rasana ieu mah. Meureun can galo gulana kitu, atawa cipati sesa anu kamari kaasupkeun boa,” tembal si Nini bari kerung

“Ah asa piraku apan tadi kasaksian, gula jeung cipati geus sakumaha mistina. Sesa cipati anu kamari mah apan sorena keneh oge geus dipake nyieun lodeh lin?” tembal si Aki heran keneh. Si Nini panasaran kop centong paragi nyiuk bajigur dilelepkeun kana buleng, terus dikucek-kucek. Karasa ku si Nini aya barang anu ngagandet kana centong terus diangkat bari diilikan

“Astagfirullahaladzim Ya Alloh, deuleu manehna ieu naon,” omong si Nini bari ngangkat barang tina buleng

“Aduh Gusti anu Maha Suci, paingan manehna ku aing titatadi diteangan teu kapanggih wae horeng asup kana buleng, beu Ya Allah,” ceuk si Aki bari ngojengkang nyokot barang anu diasongkeun ku si Nini

“Paingan atuh bajigur rasana jadi beda, ngadadak aya rasa tengian horeng paguley jeung kopeah, hi hi hi,” si Nini seuri ampir seeleun

“Heueuh Nini beda geuning bajigur campur kopeah mah, rasana nyegruk. Emh Ya Alloh, hapunten abdi seug meuli kopeah teh asana lima taun katukang, waktu rek pemilu, mangkaning make teh dipeleter, tara lesot ari lain mandi jeung sare mah,” tembal si Aki

“Keun bae manehna tong dipiceun lebar, apan cenah poe isuk rek reunian di imah urang, urang suguhkeun ka alumni SMPN Angkatan 77 Kadungora, pasti diarinum, ngan tong geruh dicampur kopeah, heueuh. He he he,” ceuk si Nini bari ngaleos rek kacai

“Iiih deleka kalakuan teh, abong Nini-nini dalapan mulud. Kumaha lamun semah ngadak-ngadak turun bero, pan picilakaeun,” tembal si Aki

“Naon urusanana bajigur jeung turun bero, teu nyarambung nyarita teh. Dasar Aki-aki kolot kumaneh,” ceuk si Nini teu eleh omong *** Cag Heula

 

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *