7 July 2024 00:22
Sastra dan Budaya

Satru Timburu

Satru Timburu

(Tatang Rancabali)

Panon anjeun neuteup seukeut hayang mukakeun rasa nu sumebar dina dada kuring
Melong anteng menteyeng nepika amleng
Bakating ku hayang ngorédaskeun kanyaah
Mangsa ka mangsa kamelang ditembrakkeun ku sarupaning panyaram

Kuring gejed ngaléngkah
Diropéa ku rasa nu teu percaya
Sakapeung muncak amarah
Ka anjeun nu pirajeunan ngahulag

Haté kuring ngaguruh ciga hujan silantang
Gumuruh na tanpa wujud
Saukur nyurucud cipanon tina sela-sela juruna
Teu kaampeuh ngabendung amarah anu teu budal

Anjeun mépéndé haté sorangan
Tétéla anjeun neundeun kanyaah nu taya wates wangena
Ngabérok kuring ku rasa timburu nu nyatru sakuluwung sukma

Rancabali, 13-04-2024:18.41

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *