7 July 2024 00:48
Sastra dan Budaya

Sapiring Kaasih

Sapiring Kaasih

(Tatang Rancabali)

Ulukutek nu nyangkaruk dina piring kahéman
Dipanaskeun dina wajan katresna
Diminyakan kanyaah leucir na birahi

Anjeun ajeg panceg tawis deudeuh
Bari ngagéroh parabot pogot
Sanajan sakapeung gegerendeng
Galindeng galimer na angen-angen

Brak hidangan ngabarak
Meunang ngarumat ku mangrupa – rupa samara asmara
Sanajan ukur pasakan alakadarna
Dituang bari rasa gumbira

Balakécrakan babarengan
Dipasieup ku durukdukna kurupuk
Asa surup sumanding dina diri
Hirup hurip ku saregep sareged tigin gumati kanu maha suci

Pasirluhur, 05-4-2024:03.30

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *