7 April 2025 10:16
Sastra dan Budaya

Régang Kamelang

Régang Kamelang

(Tatang Rancabali)

Rus ras waas ku kagagas
Baluas némpas ti pasir ipis
Kiwari katempo témbrés
Tina mumunggang harita

Carita nyata mawa baluas
Mangsa ka pi Aki ampir paragat nyawa
Alatan ditebas koléwang
Tétéla beuheung gudawang

Untung anjeunna kapiuhan
Gorombolan nyangka perlaya
Atuda bongan salira
Pakoasi kaporotan

Kurunyung karaman ti gunung walung
Ngarobéda ka pasirhoé
Bérébét sora karabén ku matak sebér
Léngsér maju ngalér

Éta cacandran pun uwa
Mugia jadi suwargi
Neundeun cicirén harepan melak kai
Ngajega di pakarangan ayeuna geus ngarangrangan
Wilujeng angkat mugia salamina nagara daulat

Pasirhoé, 04-04-2024:15.19

 

 

“KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG”

“KATEMPUHAN BUNTUT MAUNG” OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA “Katempuhan buntut maung” dalam bahasa Sunda berarti “menanggung akibat dari perbuatan orang lain”

Read More »

Gunung Kalut

Gunung Kalut (Tatang Rancabali) Gunung Tambakruyung terhuyung tertutup kabut Tingginya terhimpit langit Mengecil kerdil Kini hanyalah sejajar dengan gubuk lapuk

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *