4 July 2024 10:45
Sastra dan Budaya

Ragrag Ku Tujuh Menit

Ragrag Ku Tujuh Menit

(Tatang Rancabali)

Manusastra gelaran sastra aksara
Magelarkeun pintonan kaparigelan nyarita
Satutas medarkeun karya
Ditaliti ku yuri disaliksik apik nu oténtik

Ana prung ngariung gempung
Ting hariul bangun bingung
Waktu nu dijudulkeun mangprung
Tétéla ukur ngaberung

Patandang nu barangbawa sayaga
Naha teu dipiroséa
Kawasna banget percaya
Teu hamham ka para kontéstan

Girang pangajén olégténg kompétén
Marga wedalan paguron nyantrén
Tulén séké sélér sunda
Nu tos mibanda wiwaha jawara katut pangalaman média

Kuring mah meunang karia
Mun tandang kudu sayaga boga bahan keur tanaga
Nembrakeun kabungah ati milu aub tur gumati
Ngamumulé inajén harga diri niatna silaturahmi
Ngamekarkeun motékar sunda wiwaha ngaronjatkeun darajat seni sastra
Digelar giliran ku 7 menit ngantri pasti

 

Soréang,25-04-2024:14.03

 

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *