7 July 2024 00:19
Sastra dan Budaya

Poho

Poho …
Ku: Abah Wandy

Astagfirullahaladzim Ya Alloh ku poho-poho teuing nya, cikeneh inget, naha ari rek tret dituliskeun bet ngadadak forget, duuuhhh kumaha atuh. Ceuk rarasaan mah asa can pati kolot-kolot teuing umur teh, tapi kabehdieunakeun mah sok kitu, teu pupuguh sok ngadak-ngadak ngiles teu pupuguh, malah rada remen kitu kalakuan teh. Aya aturan carita anu rek sapok-pokeun ditepikeun teu pupuguh jol ngaleungit, kaburu kahalangan ku poho duka teuing kumaha. Komo ka babaturan sakola baheula mah, ampir-ampir mah lapur we teu warawuh. Apal beungeut poho ngaran, kitu deui sabalikna. Anu teu poho mah iwal ka urut kabogoh baheula
“Na euy meni teu nanya abong geus jadi jelema,” ceuk hiji sora bari ngareret ngajak seuri. Sidik eta omongan teh ditujukeun ka kuring, sabab euweuh deui jelema anu aya di dinya, sakedapan kuring neuteup bari nginget-nginget, ari kana rupa mah wawuh, ieu babaturan keur sakola SD baheula, tapi kana ngarana weleh teu inget sameueus-meueus acan
“Apal keneh teu ka urang?” tanyana bari seuri
“Ke heula ari kana rupa apal, batur sakola SD baheula, ngan ngaran ente urang poho deui,” tembal teh saujratna
“Piraku poho deui, genep taun babarengan ti kelas hiji nepi ka kelas genep. Maenya poho deui?” omongna heraneun. Bari seuri maur kuring terus nginget-nginget
“Urang Iwan ti Sinyar,” omongna deui nikukur
“Astagfirullahaladzim … Ya Alloh sugan teh saha. Hampura Wan euy, sumpah poho deui, atuh da eta bewosan kitu, jeung lintuh ayeuna mah,” tembal teh
“Alhamdulillah ari awak mah, atuh penampilan moal eleh-eleh teuing ku ente, ngan ieu wungkul sirah geus pinuh ku huis. He he he,” omongna
“Heu keun bae palebah huis mah sarua urang oge loba, eta teh cirina geus kolot,” ceuk Hasan
“Heeh kitu …, dimana ente ayeuna?” tanyana bari ngajakan diuk dina bangku panjang
“Ari rumah mah di Bandung, ngan ari gawe mah tibaheula keneh oge kitu we ulin. Ngablu we kamana karep,” tembalna
“Keun bae gawe mah dimana oge, asal kaharti we bari puguh itunganana,” tembalna enteng
“Ari ente gawe naon ayeuna?” tanya kuring panasaran
“Ari urang mah neruskeun hanca kolot, dagang di pasar kana pakean. Ngan ieu mah cekelan budak nu kadua, sarua muka toko pakean,” jawabna bari nunjuk toko anu aya gigireun
“Oooh kutan …, abong turunan tukang dagang, daragang we nya. Alus lah ketang meh tereh beunghar ari dagang mah, beda jeung pagawe,” tempas Hasan
“Heu ari jadi pagawe mah, gawe teu gawe tetep boga hasil. Sedengkeun ari model urang mah lamun teu dagang teh moal boga duit. Matak ngeunah jadi pagawe,” omongna
“Taaah palebah dinya mah sok patuding-tuding. Ceuk ente tukang dagang, ngeunah jadi pagawe, digawe teu digawe tetep boga hasil, sabalikna ceuk nu digawe ngeunah jadi tukang dagang unggal poe nyekel duit, unggal poe ngahasilkeun, sedeng jadi pagawe ukur sabulan sakali bari sesa eta teh,” jawab Hasan

“Heeh lebah dinya mah bener, numatak mending jadi pagawe bari dagang. Duit poean meunang, duit bulanan oge meunang. Pan genah nya?” omong Iwan
“He he he … bener pisan. Salakina tukang dagang, pamajikanana jadi pagawe. Gaji pamajikan tong dicoceng, moal teu numpuk tah duit,” ceuk Hasan mairan
“Aaah kabeh oge salah, anu ngeunah mah anu ikhlas daek narima kanyataan. Ngan jigana lamun dibandingkeun jeung pagawean sejena ngeunah gawe mah model ente San euy, pagawean ulin tapi ngahasilkeun. Batur mah ulin teh kudu mayar, ente mah sabalikna dibayar. Asa ku ngarareunah hirup ente ulin wae dibayar,” ceuk Iwan deui bari ngaheheh
“Ah anu ngeunah mah jadi pengamen jalanan, sok bandungan rek aya nu nyawer atawa euweuh, rek gede rek leutik terus we nyanyi bari numpak mobil bisa haratis,” ceuk Hasan deui
“Aah anu ngeunah mah pangsiunan, sok tingali gawena naon? Ukur kucap-kiceup, gudag-gideug terus nyebut A. Ukur nyebut A wungkul dina hape digaji gede unggal bulan, komo lamun nyebut B,C, D nepi ka Z, jigana gede bonusna, he he he,” ceuk Iwan ditungtungan ngaheheh
“Padahal lamun nurutkeun kabutuh, pangsiunan mah asa beuki loba, geus puguh keur dahar sapopoe, sakalieun keur uubar wae oge teu cukup duit saeutik, sawangsulna ari narima gaji ngurangan. Sedengkeun ari hirup anu geus kolot, geus mimiti loba karasa, nyeri sirah mah, darah tinggi wae, kolesterol numpuk dina punduk, geus puguh tuur hese ditilepan mah, teu kuhanteu deuih, unggal usik awak teh teu weleh lallinu wae,” ceuk Hasan
“Numatak aya kasebutna sasehat-sehatna geus kolot mah, nyakitu bisa ibadah bari tumaninah oge geus mangpirang-pirang kudu sukuran,” ceuk Iwan
“Anu ngeunah mah Wan euy sakumaha ceuk ente bieu, anu ikhlas narima kanyataan bari terus ihtiar sangkan ayeuna leuwih alus batan kamari. Sarua kabeh hirup manusa mah ukur semet nuntaskeun masalah, teu leuwih ti kitu. Sabab hirup oge masalah,” omong Hasan deui
“Enya keur mah eukeur hirup teh masalah, cing atuh tong ditambahan ku pohoan ngarah nyambung, sok jadi teu nyambung sagala oge lamun pohoan mah,” ceuk Iwan
“Heeh bener Wan euy, sing sumpah urang oge poho naha bet jadi kieu tulisan teh, padahal lain ieu nu rek dicaritakeun mah. Atuh ieu mah sarua we jeung nguar-nguar kaayaan sorangan. Ceuk anu maca teh pasti cenah anu nulis ieu carpon geus kolot,” omong Hasan
“Teu kudu maca tulisan oge geus pada apal ka ente mah, tuh ngajeblag diluhur aya ngaran Abah. Asa piraku ngaran Abah umur geneplas taun, “ tempas Iwan
“He he he … heeh bener Wan euy,” tembal Hasan
“Lamun hayang katingali ngora wae ganti atuh ngarana jadi Encep,” tempas Iwan
“Ha ha ha asa kurang pas geus kolot kieu disebut Encep,” jawab Hasan *** Cag ah

 

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *