4 July 2024 10:22
Sastra dan Budaya

POE ISUKAN ?

POE ISUKAN ?

 
Ku Hildawati Soreang
 
Asa teu percaya
Tapi apan kasaksian
Pun paman nuju pada nyalatan
Cindekna pada ngadu’akeun
Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa
Dipundut kunu rahayu
Dicandak kunu kawasa
Anu matak ngahelasna
Pun bibi parantos hilap
Bahasa umumna mah pikun tea
Jantan mantena ningal
Tamu anu sarimping nyolatakeun janazah punpaman teh.
 
Pajar teh…
Eta saha anu ngagoler ?
Naha loba nu salat ?
Deudeuh teuing
Urang didunya teh
Geuning ngan sakotret kayu api ?
Ayeuna mangsana jagjag waringkat
Boh lahir boh batin
Isuk jaganing geto mah
 
Sagala anu aya diurang teh
Bakal dicandak deui 
Lamun seug teu tawekal ka Allah mah
Matak baluas nyorang alam 
Anu bakal datang
Sanajan masih dunya ?
Simawona engke di alam aherat ?
 
Naon atuh anu geus disiapkeun keur poe isukan ????

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *