4 July 2024 10:29
Sastra dan Budaya

Parancah Lapar

Parancah Lapar

 

(Tatang Rancabali)

Neda widi kasakumna eusi tibsi
Paralun ka sangu anu kamari
Lain teu dituang ngahaja eukeur sasarap
Isuk-isuk sesah nyingkah

Kurupuk anu murungkut
Nu ngaluarkeun jalantah
Hinyay maseuhan sendok
Dihuapkeun na nyorolok

Aaaaam dihuapkeun sahuap sahuap ngahuap
Capek rahem cing terektek cing kerekek
Waos paketrok baceprot
Adek paadu rasa kasono

Geleser kana tikoro
Teu kapegat ku elak elakan
Bangblas asup kana kadut
Kurubuk kurubuk kurubuk usus pakepuk

Beuteung seubeuh teu bucitreuk
Saukur nahan ka lapar
Cupar lunas na ku dahar
Bray asa caang tetenjoan
Dunya asa ngalegaan

RS Hermina Soreang Kab Bandung, 29-10-2023:06.33

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *