7 July 2024 00:34
Sastra dan Budaya

“PAKANCI”

Pakanci
Ku: Abah Wandy

Keur ngaleungitkeun stress mah taya salahna lamun urang nyongcay waktu keur ulin ka tempat wisata anu luyu jeung kondisi awak jeung kaduitan urang, pikirkeun oge jauh deukeutna ngarah balik piknik henteu huleng jentul, maksud teh bisi reuwas kareureuhnakeun pedah ngodok saku rada jero. Tapi ari ceuk nu resep ulin mah, lamun rek piknik ulah loba itungan sok tara jadi, indit we, anu penting aya waragadna. Tong loba pikiran nu lain-lain ngarah hate tenang jeung senang, batan duit dipake uubar ka dokter, mending dipake ulin, puguh deui karasa capena, karasa senangna, karasa gumbirana. Masalah duit mah teu beda jeung ngurud jangot, isuk pegetona pasti aya deui
“Ari Euceu bejana rek milu ulin ka Dunia Fantasi?” tanya Nyi Ida bari gek diuk gigireun Ceu Eti
“Heu apan jajap incu, Euceu mah Nyai, itu indung bapana teu bisa marengan, cenah loba pigaweeun di Kantorna anu kudu rengse tereh-tereh. Rek aya pamariksaan cenah,” tembalna
“Oooh kitu, apal soteh pedah we incu nyarita, Neng Desy mah dijajap ku Nenena cenah. Ngan pasti keur Euceu mah genah pisan, diongkosan bari dibekelan keur jajan, heug anak minantu Euceu mah katelah sakitu bageurna,” omong Nyi Ida

“Alhamdulillah dibere sajuta keur jajan incu wungkul teh, ari Euceu mah mekel we sorangan, karunya ka si Eneng keur ngabangun kontrakan deui. Ieu oge keur bekel ka Jakarta teh geus kacongcay dipake meuli sunscreen skintific jeung kutek MS Glow Nail Polish, sesana gegeletekan aya meureun lima juta deui mah,” tembalna bari ngabetekeun loket eusi duit bangun reueus.

“Tuh geuning eta meni gede kitu,” tembalna rada ngaheab
“Ari Nyai naha kumaha kitu?” tanya Ceu Eti bari neuteup
“Ari ongkos mah geus dilunasan minggu kamari oge, ngan keur jajan, Bapana can mere deui, puguh rada bingung ieu teh, seug waktu kari dua poe deui,” tembalna rada cumalimba
“Insya Allah Nyai dina waktuna mah pasti aya, piraku da moal ngantep salaki oge atuh,” omong Ceu Eti ngareugreugan.

“Enya mudah-mudahan we Ceu teu nyalahan, seug budak teh beuki jajan, numatak rada hariwang lamun teu mawa duit rada loba teh, Euceu oge apal hahargaan di tempat wisata mah sok marahal geuning,” tembalna.

“Enya kitu Nyai, ngan ari dahareun keur sabrakeun dina beus mah eta oge geus disiapkeun ku si Eneng, najan ti sakola dibere senek oge angger we indungna mah sok melangeun, malum incu keur meujeuhna beuki barang dahar,” Ceu Eti ngajentrekeun
“Enya Ceu, keur sa Euceueun mah moal hariwang, nya mekel nya dibekelan, sok milu reug-reug ka abdina oge. Aya meureun injeumeun mun kakurangan teh he he,” tempas Nyi Ida bari ngaheheh.

“Alhamdulillah Nyai aya milikna,” tembal Ceu Eti
Sakumaha anu dicaritakeun, Rombongan TK Al Bakekok subuh keneh geus bingbrit muru Jakarta, sajajalan guru jeung orang tua murid teu weleh suka bungah nyanyanyian, karokean, malah Kang Ihsan mah bari joged sagala rupa awahing gumbira. Kitu deui barudak saurang oge taya anu mabok, Ceu Eti anu biasana sok mabok poe eta mah alhamdulillah jagjag waringkas, pedah ti samemehna ku anakna geus dipesenan ka Ibu Kepala, menta korsi nu panghareupna bari teu poho dahar ubar anti mabok, atuh puguh we laluasa, sajajalan Ceu Eti milu ngaeuk karokean.
Jarak Bandung – Jakarta karasa teu lila, komo ieu perjalanan beus asup tol kaluar tol, atuh jam dalapan oge mobil rombongan geus nepi deui ka Ancol, jrut Mas Agus salaku TL turun muru loket rek nukeurkeun voucher, ngan rada lumayan lila oge penumpang ngadagoan, malah Bapa-bapa mah sabagean kaluar ngudud heula
“Hapuntena anu kasuhun ka Bapa kalih Ibu sadayana, sim kuring nembe rada lami ngabantun karcis, malih kedah adu regeng sagala rupi sareng petugas,” pokna sanggeus nitah supir laju deui
“Sateuacanna neraskeun informasi anu kedah didugikeun, sim kuring bade ngabagikeun heula karcis,” pokna deui.

“Mas punten karcis mah wios ku abdi we dibagikeun, mangga we Mas mah bilih bade ngadugikeun informasi,” tembal Ibu Guru TK anu kawilang pangorana jeung panggeulisna. Anu nulis oge kabitaeun ningali Ibu Intan mah
“Ooh …, hatur nuhun atuh Bu,” tembalna bari masrahkeun tumpukan karcis.

“Muhun Bapa Ibu sakumaha informasi anu nembe katampi, langkung tipayun hapuntenna anu kasuhun, utamina ka Ibu-ibu, sok sanaos abot oge ngadugikeunana tapi kedah dugi ka sadayana peserta. Kumaha Ibu dugikeun wae?” pokna rada asa-asa
“Nya muhun atuh sebatkeun we Mas, bade hideung bade beureum oge informasi mah kedah dugi,” Ceu Eti nyelengkeung
“Dugikeun we Mas tong asa-asa, rek hideung rek beureum oge kumaha tukang celep we he he he,” tembal Kang Ihsan milu nimrung bari ngaheheh. Atuh nu lain oge milu seuri
“Ooh muhun atuh, tapi punten ulah bendu utamina ka Ibu-ibu, da abdi mah mung ukur ngadugikeun informasi wungkul. Punten Pa Supir tapena alitan heula,” Ceuk TL bari melong ka supir
“Sakumaha informasi anu nembe katampi, hapunten anu kasuhun lebet ka Dufan ti ngawitan ayeuna kapayun teu kenging nganggo kerudung,” pokna bari reg eureun heula nyaritana. Sababaraha jongjongan taya saurang oge anu nyarita, kalah sing parelong jeung pada baturna
“Ieu teh nyaan Mas?” tanya Ceu Eti rada muncereng, kitu deui nu lainna, malah tungtungna kaayaan dina beus jadi riweuh teu puguh
“Asa kabina-bina teuing piraning oge asup ka Dufan make teu meunang make tiung sagala, kacida teuing aturan teh,” ceuk Ceu Mae bari tipopolotot. Ibu Kepala katut guru-guruna miluan kerung, asa pamohalan asup ka tempat rekreasi make teu meunang ditiung. Kitu deui Ibu Intan anu cikeneh rengse ngabagikeun karcis ngareret ka Tour Leader bari miluan kerung, katingali dina paromanna menta jawaban.

“Leres Bu teu kengeng nganggo kerudung,” tembal si Mas TL deui
“Ah Bu Guru keun bae ema mah da geus kolot ieuh, jeung barina oge moal aya nu naksir, rek dibuka we tiung teh, lebar geus tepi ka Jakarta piraku teu tulus naek arung Jeram gara-gara tiung. Mangkaning geus diajam rek numpak kora-kora, istana boneka, jeung halilintar,” ceuk Ma Ijah bari muka tiung jeung ciputna, breh buuk anu masih gomplok ngarumbay panjang nutupan tonggong, katingali bodas ngeplak semu keputih-putihan
Tungtungna tibatan jadi polemik anu ceuk pamikirna asa pamohalan asup ka Dufan teu meunang make kerudung, Ibu Kepala waleh nanya ka TL bari masang wajah serius
“Punten Mas Agus leres eta informasi teh?”, pokna panasaran
“Leres Bu, mung abdi teu acan rengse nyariosna,” tembalna serius
“Punten Bapa Ibu sadayana tos nampi karcis?” tanyana Mas Agus TL
“Atoos …,” tembalna meh bareng
“Jadi kumaha ieu teh Mas, bener teu meunang make kerudung asup ka Dufan teh?” Ceu Entat motong caritaan
“Mangga sakedap Bu …, nembe simkuring ngadugikeun informasi teh teu acan lengkep kabujeng Ibu-ibu protes manten. Janten sakumaha anu tadi didugikeun, leres pisan lebet ka Dufan ti ayeuna kapayun teu kenging nganggo kerudung, mung kedah nganggo karcis anu nembe ditampi ku Bapa kalih Ibu,” pokna bari terus diuk deui dina jok hareup anu ngarendeng jeung supir. Jep kabeh penumpang sakeudeung jempe, jigana keur mikir. Sanggeus kapikiran mah aya anu seuri ngabarakatak nyeungseurikeun kabodoan sorangan, tapi aya oge anu kukulutus.

“Heeh bener Mas … kacipta lamun asup ka Dufan make tiung atawa ciput, kacida numpukna rupa-rupa tiung jeung ciput, jigana bisa dipake reklamasi teluk Jakarta ha ha ha,” tembal Kang Ihsan bari ngahahah kakara kaharti ***
Cag heula.

 

Desember 23 keur nganjang ka Lembur

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *