4 July 2024 10:30
Sastra dan Budaya

Nyanghareupan Harepan

Nyanghareupan Harepan

(Tatang Rancabali)

 

Umur pauntuy untuy nambah itungan
Mangsa ka mangsa maksa nambahan angka
Teu karasa nincak ka lima dasa warsa
Geuning geus tengah tuwuh tumuwuh

Nirilikna detik niir kaasih
Rimbilna menit kadang mawa barintit
Nincak jam teu ngarobah paripolah
Hambalan poé jadi tatapakan harepan

Teu ngarti nganti-nganti dipiasih
Teu nolih horéam nyorang harepan
Sanajan langit lénglang mayungan
Guligah rasa sok ceudeum angkeub ku tunggara lara

Pangalaman mapag sagala rasa rumasa
dalit dina sagara katresna
Ngagulungna ibun gumulung nyumputkeun kahéman
Moal bisa kaguar anging ku loba ihtiar
Nincak hambalan pasrah tiap léngkah
Ngancikeun harepan
ngawelah kahirupan nu barokah
Sumerah pasrah kana ridho na Alloh SWT

Rancabali, 07-05-2024:07.18

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *