4 July 2024 10:32
Opini dan Kolom Menulis

Nuhun Gusti

NUHUN GUSTI

Carita Pondok : Hj.Encum Cumiati,SPd

 

Kuring ngarandeg heula, ngalieuk ka tukang, sakalian ngadagoan nu keur lumpat ngudag kuring.

“Ti, Ati, Ati,” cenah kebek ku hariwang tayohna mah.

“Éh Ari Ati, digeroan ti tatadi téh mani tonggoh waé, ku naon sih? Piraku torék mah.” cenah deuih semu nyentak.

“Ya Allah, rumaos abdi malaweung, ieu léngkah gé asa ngalayang. Awak lalanjung asa rék labuh, perbawa haté marudah dibarung ku reuceuhan kacapé deuih. Sabenerna mah, hirup téh teu loba momonés éstuning tiis-tiis wé ti keur leutik téh. Bisa kasebut sangsara tapi teu burung loba bungahna, nu penting mah kuring bisa sakola.” kitu ngocomangna pikiran kuring ngacacang ka alam tukang. Sok sanajan harita telat waé mayar SPP ogé, ah santéy wé. Tara ngarungsing ka nu jadi kolot, da nyaho sorangan kana pangala anjeunna anu ngan sakitu-kituna. Ceuk ijiran téh kieu, mun geus aya rezekina ogé, moal burung dibayar.

Tamat ti SMP, Alhamdulillah katampa ka sakola guru di kota Bandung, tangtuna ogé cukang lantaran rojongan jeung dunga ti Ema sareng ti Apa. Alhamdulillah deuih sakaluarna ti sakola guru di SPGN 1 Bandung, teu lila teuing moyan jeung moé korong da jug  lulus PNS guru SD.

“Eh, Ti, ku naon sih ngalamun waé? Ti tadi kénéh melang Nani téh, bisi ku ma onam. Ngaran-ngaran sisi jalan raya, kumaha mun cilaka.” ceuk Nani, harita téh bari ngajéwang leungeun kuring. Kuring ogé karék sadar geuning leumpang tengah teuing.

“Teu nanaon, Nan, ngan ieu wé teu ngareunah awak, capé teuing kawasna mah.” ceuk kuring rada ngabohong, da nu sabenerna mah teu  genah haté. Ayeuna kuring geus kolot, kari nunggu tilu taun deui ka pangsiun. Dirasa-rasa geus ampir 34 taun geuning ngambah masa kerja téh. Enya, geus menggok ngulon geuning itungan umur kuring téh. Alhamdulillah loba pisan ni’mat Alloh anu katampa. Hamo kaukur ku umur, moal kaitung ku juntrung. Hapunten Ya Alloh, Jisim Abdi salaku manusa biasa sok remen mopohokeunana.

Kuring boga budak téh tiluan, awéwé wungkul. Berekah saroléh ceuk kuring mah. Tara loba paménta anu teu kadada teu kaduga ti keur leutik kénéh ogé da pastina nyaho kana pangala kolot. Meureunan ku bisa sarakola ogé geus pirang-pirang syukur. Ayeuna mah maranéhna geus déwasa tapi nyéta ngaranna ogé hirup jeung kahirupan, aya nu ngaturna, aya ujianana. Geuning kahirupan barudak téh aya anu teu luyu jeung harepan nu jadi kolot sok sanajan keur sadar mah kuring nganggap hal éta téh teu jadi masalah. Nyéta atuh Si Cikal geus ampir dalapan taun rumah tangga can waé dipaparinan turunan. Sok remen kuring ngumbar kasedih, kasedih hayang geura ngais jeung nimbang incu meungpeung ieu waruga jagjag waringkas kénéh. Hayang aya anu ngageroan jéjéréwétan, Enin, Enin atawa Nenek, Nénéan. Pastina tungkeb kabagjaan téh keur kuring salaku wanoja sampurna boga salaki, boga anak satuluyna boga incu. Di sisi séjénna, kuring sadar yén jodo pati bagja cilaka kaasup di jerona turunan éstu aya di hak preogatif Mantenna Alloh.

Ari nu kadua, berekah karék bérés kuliah, susuganan meunang gawé anu loyog jeung kaélmuanana. Kari Si Ragil alias Si Bungsu anu masih kénéh kuliah. Mugia wé aya milik rizkina bisa ngahontal S-2.

“Ari Ati téh rék ka mana, mani rurusuhan?” ceuk Nani deui.

“Rék ka pasar heula, da moal lila, Nan.”ceuk kuring. Atuda ayeuna mah kagiatan sakola téh ti isuk tepi ka soré, alhasil méh-méhan euweuh waktu keur di imah.

“Can boga pasakeun, Nan.”ceuk kuring daria. Angkanan téh meungpeung jam kosong jadi bisa lumpat heula ka pasar anu teu pati anggang perenahna ti sakola. Supaya engké datang ka imah téh bisa langsung masak jeung nyangu da piraku salaki jeung barudak diparak onaman siga tonggérét.

“Hayu atuh urang bareng,  da sarua Nani ogé can boga dahareun keur di imah,” pok Nani bari seuri. Manéhna téh sobat medok kuring, sabarengan pindah tugas ka SMP ieu. Umurna saluhureun kuring, malahan mah tungtung taun ieu téh geus pindah alam, ti alam sakola ka alam purnabakti.

Hanjakal Nani téh tara pati ngaji rasa mun sakalieun ngabuis ngomongkeun incu-incuna hareupeun kuring. Ilang musna capé, hanaang halabhab mun mulang tas pancén, cenah disampakkeun para incuna anu keur sarumedeng lucu. Seuri mah nya teu burung wé, da ngaragangan manéhna sok sanajan seuri kuring seuri hambar. Padahal mah hayang saber-bereun lumpat, bisi dongéng incu manéhna kaburu nambleg dina uteuk kuring heug wéh jadi panyakit.

Ti saprak aya kawijakan daftar hadir elektrik alias HDE, hirup téh asa huisan jeung kolot di sakola. Indit satengah tujuh, miheulaan hayam ngalencar, ari balikna satengah opat jaba kudu selfi sagala rupa.

“Ya Alloh, hapunten jisim abdi ngutruk waé.” Gerentes haté, nu sok padahal kuring sadar yén anu dipaké ngutruk téh sasat kawajiban kuring salaku abdi nagri, umat bangsa. Sanajan tangtuna sok aya ngarasula pédah capé, kudu ngawula ka salaki jeung ngaladénan bubutuh barudak. Mun seug mah deuih pikiran kuring ngajembaran, mémang hirup di dunya mah sakuduna capé marengan kiat jeung upaya anu diwajibkeun ku Mantenna. Naon atuh anu teu capé, sasat ngahéot ogé ari teu eureun-eureun mah pasti keuna ku capé abong mun biwir teu manjangan siga manuk kuntul. Atawa moyan, samenit dua menit, atawa sajam dua jam genah sotéh. Coba lamun moyan ti isuk jedur tepi ka sareupna, pasti ripuh jeung capé jaba awak siga satria waja medok. Nuhun Ya Alloh, tos mosisikeun Jisim abdi kalebet abdi nagri nu mulya, mancén geusan minterkeun para anak bangsa. Mugia baé jisim abdi dipaparin kasehatan sareng kakiatan.

“Tuh Ti, aya angkot. Urang tumpak angkot wé ambeh téréh, bisi kaburu asup deui pancen urang ngajar.”ceuk Nani bari ngacirkeun curukna, pas angkot ngalangsam hareupeun, reg wéh eureun. Kuring miheulaan unggah kana angkot dituturkeun ku Nani. Gék jep téh lain bobohongan salila ngadayagdag di jero angkot ngan haté mah angger galécok. Duh Gusti, gara-gara DHE ieu awak asa pasiksak nanging pangapunten pisan, abdi Rido Gusti salami mancén ieu tugas mulya geusan jaga sampeureun di alam padang poé panjang, turta ngocor ngamalir salawasna. Nyéta ari ku dibarengan ngalamun mah, geuleuyeung angkot téh teu karasa, nyaho-nyaho geus nepi di gerbang pasar. Balanja saperluna baé, sabab balap jeung rusuh, atuda satengah jam deui mah geus kudu mancén abus deui ka kelas***

Hj.Encum Cumiati Guru SMPN 1 Pacet Kecamatan Pacet Kabupaten Bandung

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *