Muka Syawal
Muka Syawal
(Tatang Rancabali)
Panon poe moncorong beulah wétan cahyana béngras sumirat nyaangan buana
Dipapag ku récétna manuk patémbalan jeung baturna
Aya nu ting araclog dina dahan
Aya nu ting keleper haliber ngicis jang jang
Hayam jago raong kongkorongok
Nu bikang ting garapak bari keketok
Anakna réang cing cariak
Awor sora domba jeung embé pating bérélé
Nurutugna bedug tatalu ti unggal lembur masih kénéh iwur
Paselang sora takbir di unggal tajug wuwuh tagiwur
Trong trang kohkol ditakol
Kolot budak buriak nuju ka lapang
Seja ngalaksanakeun solat
Jog anjog kanu dijugjug
Bar samak diamparkeun tilam sajadah
Gék diuk thumaninah merenahkeun manéh
Sesepuh kampung jung nangtung
Ngaiberan ibadah urang kawitan
Imam ngadeg sagédéngeun pangimaran
Jep haté simpé leungit karéhé
Rancabali, 31-03-2025:07.01