Liwung di Lembur Kuring
Liwung di Lembur Kuring
(Tatang Rancabali)
Handapeun liuhna méga bodas isuk-isuk
Masih kénéh ngarimunan ruyuk
Liuh linduh pinuh rarambu ngagapuy
Remetna areuy gemet ayang-ayangan
Pating arendat jalan satapak
Ngagurat ngembat tapak liwat cileuncang
Nembrakkeun jalan tarahal
Rampakna taringgul barangkal
Langit bébas nembrakkeun kiprahna
Méga diulinkeun hiliwirna angin rumangsang beurang
Nyingraykeun pepedut isuk
Méga ngérab handapeun panonpoé meleték
Pikir gilig hayang pelesir
Mapay-mapay hiliwirna angin
Rénghap béakeun wirahma
Srog kahareupeun portal wisata
Pok maranéhna nyarita “sawahon sakitu waragadna”
Rancaupas Rancabali, 26-12-2024:07.56