1 April 2025 23:16
Sastra dan Budaya

Kuring jeung Kurung

Kuring jeung Kurung

(Tatang Rancabali)

Hirup hurip kuring ku cai
Jagjag belejag waringkas ku siki
Rumasa jasad saukur jungkiring
Jati diri kacingcirihi lain abdi

Kurup nyukupna umur ku élmu batur
Sumurup ngarungkup wujud
Reup geuneuk pameunteu rumeuk
Luak lieuk ngaléok teu pageuh paseuk

Kuring ukur ngahariring
Kapahung ku Humarurung
Anteb leleb nanceb mantep
Antep karep sumerep nyelecep


Hung Ahung neda kanu maha Agung
Neda pitulung nu luhung
Mugia hurung nangtung
Sumurup ngabaju ngarungkup kurung

Hotel Sutan Raja Soréang, 06-02-2025:11.20

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *