5 October 2024 19:23
Sastra dan Budaya

Kembang Samboja


Kembang Samboja
Carita Pondok Ecep Yuli Sukmara


Tungtung beurang téh reueuk, sok sanajan rudat pilayungeun mah kaciri ngelemeng luhureun gunung. Kembang samboja endag-endagan bangun keur ngagalindeng marengan deresan surah yasin katungtunakeun. Basa kalimah pamungkas murotal digerendengkeun, aya nu ngeclak kana lambaran buku yasin leutik,
“Assalamu’alaikum, Yodia. Masing tingtrim dina pangkonan Gusti. Ènjing géto ogé, pasti Mamah jeung Apa hidep baris nepangan Yodia, mugia urang kempel deui kanggé salamina bari aya dina rido ogé kadeudeuh Mantenna,” ceuk nu bieu namatkeun surah yasin bari dareuda.

Leungeun katuhu ngarampa tutunggul tina marmer, ngusapan deudeuh pisan. Sedengkeun gigireunana, mendeko hiji lalaki gandang nu taya lian ti salaki manéhna, Angga.
“Sakedap, Pah. Mamah sono kénéh ka Yodia,”cenah, basa leungeun Angga ngaragamang kana taktak manéhanana. Yoséfa ngaran manehna. Yosefa jeung Angga, salaki pamajikan anu kurang ti sataun ditinggalkeun ku anak kadeudeuh hiji-hijina, Yodia. Cukang lantaran panyakit auto imun, nu ngorowot ti keur orok beureum kénéh.
Angga cengkat, mundur ka lebah tangkal bintaro. Méré lolongkrang laluasa Yosefa sosonoan jeung Yodia anu ayeun ukur wangun pajaratan. Pajaratan anu teu incah balilahan didekeman ku tangkal kembang samoja bodas jeung kayas. Tunjangeun jeung siraheunana. Yosefa, sakali deui ngusapan tutunggul marmer anu di dinya aya tulisan Ayodia Wardani Putri.


Angga ngarahuh antaré, ngurilingkeun pelongna ka parentulna tutunggul, amparan pangbalikan warga lemburna manéhna, ti baheula mula. Keur budak, nya remen alabring-abringan di ieu lelewek. Barudak awéwé ngahariji jeung barudak lalaki, sasaungan ku daun cau, bareng ngala kembang siger, aleut-aleutan ka lebakna, ka sisi walungan Cihompet. Teu, teu aya lelewa pikakeueungeun atawa cenah ulin di kuburan téh matak kitu, matak kieu, teu aya. Nu sidik mah betah wé, minangka obyek alternatif kumpulan barudak di sagigireun kebon awi milik kolot manéhna, di tungtung lembur. Malahan nu ayeuna jadi beubeureuh maneuh téh tah kembang desa petétan lembur, nu keur bolonna babarengan ngajajah ampar pajaratan ieu. Manéhanana téh taya lian ti Yosefa.
“A Aga resep kana kembang naon baé samboja, singer, makuta putri atawa kembang soré? Efa mah da resepna kana samboja bodas oranyeu,” ceuk nu andeprok hareupeun.

Bareto puluhan taun ka tukang. Pikaseurieun jeung lucu, tepikeun ka ayeuna, mun nanya atawa ngajukeun ideu naon baé pasti wé ditémbal heula ku sorangan. Geura wé éta basa Yodia panungtungan dirawat, manéhna nangkeup tipepereket, bari ngagibrig sisimekkeun. Tuluy cengkat, dangah nampeu kana beungeut Angga,
“Upami anu langkung mikanyaah ka Yodia, misahkeun urang duaan sareng Yodia, Ayah badé kumaha? Efa mah tos tariking pasrah, ku margi teu tiasa kukumaha deui sok sanaos ditagogan ku dokter saalam dunya ogé. Urang sanggakeun baé ka anu gaduhna, nu gaduh urang, nu gaduh sagala rupina.”

Angga mah ukur unggeuk, satuluyna pipi Yosefa nu rada pias téh digaléntoran. Ceuk dina pikirna geus teu kudu némbal da bieu sakitu atra jeung daria pamadegan haté jeung kayakinanana. Yosefa nyusupkeun beungeut kana dada Angga, harita téh, teu lémék deui.
Dua, tilu kolopak samboja murag kana heuleur pajaratan tunjangeun. Asa cékas geplukna téh wangun galindeng, kitu nu karasa ku Angga, keun tong salempang tong hariwang, Ayodia Wardani Putri Angga salamina aya dina panalingaan kuring saparakanca.
Angga téh kaasup budak ngora anu suksés ngamekarkeun ekonomi widang kontraktor.

Proyekna gun-gen di mana-mana, omset perbulanna matak lieur tukang ngitung nu ukur kaluaran sakola dasar. Mulang heula ka lembur, ngadon nadran ka pajaratan karuhun, bet di dinya tepung jeung Yosefa Diany Putri. Teu merlukeun waktu lila, duanana ngarangkep bari pada-pada rebo ku dunga perdunga ti masing-masing kulawarga. Terus wéh nempatan gedong sigrong tengaheun komplek Katusba Raya Regency di tapelwates puseur dayeuh.
Buburingkalan dunya barana kulawarga leutik Angga-Yosefa, mungguhing hukum dunya teu nyekrup jeung nu ngaran sampurna. Taun-taun nunggu gubragna para pangeran, can tinekanan. Program demi program anu ‘berhubungan’ jeung dunya persalinan terus dijalankeun. Rék medisna, rék non medisna. Del ngandeg, bungahna Angga jeung Yosefa geus lain caturkeuneun tapi pertengahan taun ka bulan alaeun, kandungan Yosefa ngalaman pendaharan tug tepi ka karuron.
“Panginten can waktuna baé, Ayang. Manawi ka payunnna, urang gederkeun deui programna,” ceuk Angga, dareuda. Yosefa mah ukur ngaheruk. Del deui ngandeg, heuleut sababaraha bulan, karuron deui. Kitu jeung kitu wé meunang opat lima kakandungan. Tepi ka Del anu teuing ka sabaraha kalina, nya langsar tepi ka brol, sok sanajan ti nyiram tepi ka bulan alaeun, ngajoprak teu walakaya, Yosefa anggerpangger, neueulkeun sumanget hirupna geusan kalangsungan hirup Si Jabang bayi anu geus diancoan ngaran Ayodia Wardani Putri Angga.
Yosefa nu tagen mendeko hareupeun pajaratan, geus mampuh deui ngawasa diri, terus mukaan buku yasin leutik, ngagerendengkeun sababaraha bacaan solawat jeung tahmid tasbéh.


“Mamah téh sareat bisa ngararab ngéjah narabas aksara arab téh pan jasa Yodia, Geulis. Ayeuna, ieu buahna geusan keur hidep nampi amis-peueutna salami sasarengan jeung Mamah, Yodia ngawurukan Mamah.”ceuk Yosefa, laun tapi atra kareungeu ku Angga anu ngarahuh sadrah. Yodia téh tepi ka umur lima taun mah teu jauh jeung nu ngaranna obat ogé perawatan medis. Ceuk medis téh, Yodia balita mibanda panyakit bawaan auto imun. Berekah, umur lima taun tepi ka sapuluh taun mésat ngajanggélék mojang leutik rancunit anu sarwa cerdas kana sagala.

“Bunda, Aku sebetulnya mau belajar Al-Quran dan menjadi hafiz-nya.”Kitu ceuk Yodia, pas nincak umur tujuh taun, nyebut ka indung ogé tepi ka dédéngéeun, Bunda. Tariking ku hariwang, Yosefa teu ngidinan Yodia nyumponan kahayangna sok komo kudu mondok di luar imah mah. Keur ngupahanana, Yodia dikursuskeun bahasa Inggris ogé les seni tari jeung seni beladiri. Tapi dina umur sapuluh taun, Yosefa ngajenghok, ku lantaran hiji peuting Yodia nananggeuy Qur’an,
“Bunda, Aku ingin mengaji bersama Bunda. Dengerin yah, Yodia mengaji.” cenah mani lucu.lebah dieu, bedah sapisan cipanon Yosefa Angga.
“Bunda engga bisa ngaji, Sayang.”ceuk Yosefa bari ngarangkul Yodia.
“Biar Yodia ngajarin ya Bun.” tempat Yodia, bari ngagaléntoran pipi Yosefa. Teu mangkuk sabaraha lila, bubuhan uteuk Yosefa ogé kacida cerdasna, Yosefa jol norolong maca kalimah arab terus dipraktekkeun Kana Qur’an, berekah teu ngarengkog.


“Nanti kita belajar lebihnya, ke ustadz ya Bun.” ceuk Yodia saterusna balaka cenah bisa cacarakan jeung narabas kalimah Qur’an teh ladang rerencepan diajar ngaji ka ustad tatangga gigireun imahna, sabot Yosefa jeung Angga riweuh ku kagiatan proyek. Yodia diceungceurikan, ditangkeup digaléntoran.
“Nuhun Yodia Anaking, nuhun pisan.” Ngan sakitu pok-pokkan Yosefa harita. Hanjakal, sataun ka hareup mah, Yodia téh jug titikbrek pulang anting ka rumah sakit, teu beurang teu peuting.
“Bun, lanjutkan belajar ngajinyah, yah.”ceuk Yodia pegat-pegat dina sangkéhan Yosefa. Ngulahék bari imut ngagelenyu. Bunda jangji badé getol ngaos sareng diajar Qur’an sasarengan sareng ibu-ibu di ieu lembur, kitu gerencem sanubari Yosefa.


“Yu, Yah, urang wangsul. Yodia tos ngijinan urang wangsul.” ceuk Yosefa ngagareuwahkeun lamunan Angga. Duanana silihtuyun mapayan lolongkrang parentulna tutunggul pajaratan. Mituray tineung kembang samboja nu centil galideur digaléntoran angin beurang. Enjing, urang tepang deui, kitu meureun mun bisa nyarita mah.*


Sdn Lebakwangi 01 Arjasari 112023

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *