4 July 2024 10:29
Sastra dan Budaya

Kembang Harepan

Kembang Harepan

(Tatang Rancabali)

Srangéngé meleték ti beulah wétan
Nyingraykeun halimun nu masih ngarimunan rungkun
Bray caang narawangan
Kahariwang puray muguran

Ranggeuyan kembang dahlia ting aroyag di pakarangan
Muragkeun ci ibun nu pageuh maruntang
Najan barala ku teu karumat
Tetep langgeng nembrakkeun katresna

Srangéngé nungratkeun kanyaahna
Ngahaneutan buana nu masih muriding tiris
Méré kanikmatan taya wates wangena
Ka sapangeusi dunya

Mawa haté lugina
Laluasa nyeuseup seungitna kekembangan nu keur meujeuhna mangkak mekar
Alam nembrakkeun anugrah tresna
Mugia salira langgeng mikahéman salalamina

Rancabali, 26-03-2024:05.37

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *