7 July 2024 00:54
Sastra dan Budaya

Kamana we ah …

Kamana we ah
Ku: Abah Wandy

“Aduuhhh Gusti ieu awak meni asa pasiksak kieu, sirah lieur sing jaredud, suku dileumpangkeun teh jiga aya anu metot ti tukang, ditambah pating sereset lalinu. Duh Ya Alloh teu kuhanteu deuih ieu cangkeng meni asa jegjreg kieu. Meni kumplit ieu panyakit, jiga paket dahareun wae, spesial aya seueulan, piraku rek kotoran deui mah. Cikeneh minggu kamari beberesih teh. Cing atuh Kang tulungan abdi pangmencetankeun sakeudeung mah, ieu awak asa meni riged kieu,” omongna bari nangkeup harigu. Enyaan geringna teh, katingali awakna reuteum ditempelan koyo anu pabalatak dina tarang kenca katuhu jeung punduk, geus puguh dina tonggong mah, persis we jiga layar misbar
“Aah eta mah modus, biasa panyakit teu boga duit jeung kurang ulin mah sok kumplit. Biasa ngablu meureun, ayeuna ngahekok wae di imah, puguh we lieur, boa awakna stress,” ceuk salakina bari nyenghel
“He he he …, asa kakara ngadenge aya awak stres sagala rupa. Kumaha kitu Kang ari ciri awak stres teh?” tanyana bari ngareret. Ari sora jeung seuri mah ngoncrang keneh Ceu Ami teh, ceuk saha we gering. Numatak salakina mah teu percayaeun manehna gering
“Heeh anu kitu ciri awak sters teh, teu puguh rasakeuneunana. Sirah lieur, cangkeng nyeri, suku bareurat, bitis mules, irung meler, ceuli budeg, panon asa nongtot, kukulinciran asa muir,” ceuk salakina
“Heu sukur atuh ari apal mah. Hayu atuh isukan mah urang ulin ka Bandung bari sakalian neang incu geus lila teu panggih, sono,” tembal pamajikanana
“Boga duit kitu make ngajak ulin sagala. Lamun erek entong isuk atuh, pageto we ngarah jongjon, Akang isuk mah rek nagih heula, sugan we hasil, aya meureun keur ngeupeulan budak jeung meuli bawaeun,” ceuk salakina
“Alhamdulillah atuh ari kitu mah, dido’akeun sing hasil, kami ayeuna rek ka kebon sugan aya alaeun, sakalian nitah Mang Sobur sina ngala gurame rek dipais, karesep incu jeung minantu pais gurame teh geuning,” ceuk pamajikanana
Ari geus aya pangajak ti salaki rek ulin mah, Ceu Ami meni sumanget indit ka kebon anu memang teu jauh ti imahna, bari ngahariring lagu maju tak gentar sumanget pisan, dasar. Panyakit anu bieu karasa ngadadak cageur sorangan. Kitu deui salakina, Kang Agus oge laju ngaleos indit kana motor rek nepungan langganana anu poe ieu jangji rek mayar hutang


*****************************&&&&&&&&&&&&&&****************************

Rebun keneh Kang Agus jeung Ceu Ami geus saged rek miang ka Bandung, ngan sajungjungeun pisan rek indit, aya nu nelepon kana hape salakina
“Kang wayahna ka abdi heula nyimpang, ieu aya nu mihape duit ti si Jajang,” ceuk Mang Ujang ti beh ditu
“Alhamdulillah atuh …, siap Mang, abdi ayeuna kadinya,” tembalna bari jung nangtung laju mareuman hape, sup diasupkeun deui kana saku jeket
“Aya naon Kang sura-seuri jeung meni sumanget kitu?” tanya Ceu Ami
“Alhamdulillah aya rezeki, dagoan Mah sakeudeung, ka Mang Ujang heula,” ceuk salakina bari gap kana motor belenyeng ngaleos. Ceu Ami ukur unggeuk, leos manehna oge ngaleos ka jero imah. Ukur saparapat jam Kang Agus geus datang deui ka imah bari sura-seuri
“Tah Mah milik Mamah, geus waktuna mah geuning teu kudu diudag-udag,“ ceuk Kang Agus bari ngasongkeun amplop kandel ka pamajikanana
“Alhamdulillah Ya Alloh …, nuhun Kang,” tembal Ceu Ami katingali bungah laju nangkeup salakina. Celengok dicium pipina romantis pisan. Salakina ukur mesem ningali kalakuan pamajikanana anu, ngadak-ngadak geugeut


“Aya galagat naon yeuh, ngadak-ngadak mesra. Tara-tara tisasari,” gerentesna
“Ari milik istri sholehah mah geuning meni dikontanan ku Alloh teh, alhamdulillah. Padahal tadi subuh abdi ngado’a hayang boga duit ngarah bisa ngeupeulan budak. Hayu atuh Kang beh isuk keneh datang ka Bandungna,” omongna deui bari ngasupkeun amplop anu cikeneh ditarima kana loket anu aya di jero kantong
“Paingan ceuk dongeng lamun pamajikan loba anu karasa komo bari rungsing mah, tong dibawa ka dokter, ka lebar-lebar duit. Bere we dua gepok duit ratusan rebu, pasti ngajeregjeg deui, bukti geuning, anu tadina peperenyitan, katingali ayeuna mah jalinger, jag-jag deui,” gerentes Kang Agus
“Ari babawaan dimana?” tanya Kang Agus sanggeus ngasupkeun motor
“Itu tuh di juru teras, geus dikumpulkeun di dinya,” tembal Ceu Ami bari nunjuk ku gadona
“Oooh …, hayu atuh,” ceuk salakina bari ngaleos rek nyokot babawaan.


Sadatangna ka Stasion geus katingali loba jelema anu keur ngadagoan kareta api. Leos Kang Agus muru loket rek meuli karcis dituturkeun ku pamajikanana
“Neng kareta api ka Bandung tabuh sabaraha?” tanya Kang Agustus
“Oooh jurusan ka Bandung mah perjalanana engke sonten Pa, anu ayeuna bade angkat mah ka Garut,” tembal petugas. Sakedapan Kang Agus jeung Ceu Ami silih reret bari ngahuleng
“Kumaha Mah geuningan engke sore ka Bandung mah,” ceuk Kang Agus bari ngareret ka pamajikanana
“Wios Neng ka Garut we, kanggo duaan,” ceuk Ceu Ami bari nyigeung salakina ku taktakna. Ngadenge pamajikan pesen tiket ka lain jurusan Kang Agus kerung, kitu deui sasama penumpang nu kabeneran aya didinya pating rareret bari keom nungkupan biwirna. Meureun ceuk pamikirna ieu jelema tujuan anu sabenerna rek kamana, naha bet kumaha kareta


“Ari Mamah rek naon ka Garut, pan geus jangji jeung barudak, malah dititah sina ngajemput di Kiaracondong,” ceuk Kang Agus weleh can ngarti
“Aaah nu aya we heula, gampang ka budak mah kari nelepon, geus teu kuat kami hayang geura numpak kareta,” tembalna enteng
“Astagfirullahaladzim Ya Alloh ieu anu ngaku istri sholehah dugika kieuna, beu. Boga tilu we pamajikan model kieu, bencar sirah aing, riweuh dekah. Ngan untungna teh deuih deukeut ukur ka Garut, coba lamun nu rek indit kareta jurusan New York, waaahhh, bangkar deh ingon-ingon,” gerentes Kang Agus bari garo-garo teu ateul.
Ari rek dihulag pasti ngajadeudna teh, lamun ambek teh tara kanyahoan sok terus nyempod di juru bari bangkenu jiga tutut medu. Moal salah jawabanana teh pan abdi nu hayang ulina oge, kamana we kumaha abdi. Ngan hiji we anu di pikahariwang teh, sok sieun kuring teu bisa nahan ambek, sieun jadi parea-rea omong, era kacida, seug loba jelema, der deuih manehna maca puisi kerusuhan waah danger atuh, adat si eta tea tara ningali tempat, carekna hayang ngamuk, der we ngamuk bari jeung tara aya anu di dingding kelir, cilaka dua likur atuh. Tungtungna Kang Agus ukur bisa unggeuk, nuturkeun kahayang Kangjeng Ratu Cilageni


Atuh sadatangna ka Stasion Garut, kuring duaan sing lalindeng teu puguh. Ret kaditu ret kadieu euweuh nu wawuh, kabeneran aya doger monyet keur dirariung barudak, sareretan ningali monyet naek engrang, lucu. Leos deui ka hareup, gek diuk dina korsi bari mikir kamana pilakueun sangkan kalungse hate bisa dibangbalerkeun. Ari rek balanja baju can waktuna, biasa oge lamun rek lebaran kakara ganti baju jeung kopeah teh, ayeuna mah jauh keneh ka puasana oge
“Kang abdi mah lapar, Akang lapar teu?” tanyana bari ngodokan babawaan
“Aaah sok we rek dahar mah, can pati lapar Akang mah. Eta we lain mawa cau raja tadi teh?” tembalna bari ngenyot udud
“Geus beak dikeureuyeuh ku abdi tadi dina kareta,” tembalna lempeng we. Kang Agus teu bisa ngomong deui dijawab ku pamajikanana kitu teh, manehna ukur bisa narik napas panjang. Padahal mawa cau raja teh aya tilu sikat, ngahaja seuhangna wungku anu baradag
“Paingan tadi waktu dina kareta teu empes-empes atuh sugan teh tibra, horeng memamah biak. Memang ari adat nu lintuh jiga pamajikan mah kitu, eureun ngomong teh lamun keur barangdahar, eureun we barangdahar pindah kana biwir, ngaeuk bari hut-het joged sorangan,” gerentes Kang Agus


“Kang ari ieu pais gurame rek dikumahakeun?” tanyana bari samutut
“Laah loba teuing pamikiran dahar we ku Mamah kadinyah, keur budak mah gampang ngala deui we,” ceuk Kang Agus jiga anu aral. Geus boga ijin ti pihak berwajib kitu mah teu nindak dua kali, kedewek kana pais gurame jeung pais tahu, am didahar meni segut, jiga anu kalaparan
Malum tukang gawe Ceu Ami mah, huapna oge badag sagede-gede cangkudu buruk, matak timbel sagede leungeun mek tison jeung pais tahu ditambah pais gurame anu sakitu baradag teh, ukur memenitan geus amrin deui, matak teu aneh salirana dugi ka andihi kitu. Saratus dualas kilo, waktu dikilo di Puskesmas teh
“Alhamdulillah Kang asa kakara manggih dahar meni nikmat kieu, nuhun Ya Alloh. Ah engke deui mah ari usum peuteuy rek ngajak barudak dahar deui di dieu, nya Kang?” ceuk Ceu Ami bari eureuleu teurab, kop kana cai, leguk diinum, eureuleu teurab deui. Ningali pamajikan kitu, Kang Agus ukur mesem bari gogodeg
“Emh, kumaha ari pipikran pamajikan aing nya, make hayang curak-curak dahar jeung kulawarga di Stasion Garut sagala rupa, kawas anu euweuh tempat sejen wae, hayang diseungseurikeun ku incu kitu. Boa memeh am oge diusir manten ku satpam,” gerentes salakina jiga nu teu hayang ngahaminan
“Ya Alloh, singhoreng geuning mais gurame anu badag teh keur manehna we sorangan nya, emh Gusti hapunten pun bojo,” gerentesna deui bari ngalungkeun kuntung roko kana tong sampah nu aya gigireun


“Eta atuh kagok sangu ketan sabungkus deui keur makanan penutup, cuci mulut,” ceuk Kang Agus ka pamajikanana
“Eeh eta mah dihaja disesakeun teh keur engke dina kareta bari balik. Alhamdulillah ayeuna mah wareg Kang meni nikmat pisan, pais gurame meni pungkil deuih,” tembalna. Padahal beurat gurame teh moal kurang ti sakilo satengah, beak ku sorangan
“Hayu atuh Nyi urang balik ari geus wareg mah, sakeudeung deui aya kareta anu jam sawelasan,” ceuk Kang Agus bari sakalian nitah beberes urut bieu dahar
“Haar ituh ari rek ka Bandung iraha atuh?” tanyana jiga anu hanjelu
“Heu engke deui wae atuh, pan kudu mais deui gurame keur incu,” ceuk Kang Agus bari nyenghel
“Aeh enya nya, he he …,” tempasna bari ngaheheh *** Cag ah

 

 

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *