4 July 2024 10:32
Sastra dan Budaya

Jempling

“Jempling”
 
(Tatang Rancabali)
 
Poé téh asa ku simpé
Padahal srangéngé kuduna meleték ti tadi kénéh 
Asa haté kuring nu réhé combrék
Teu patepung lawung dina mangsana
 
Ukur manuk leuweung nu laleutik ting caruit patémbalan jeung baturna
Sanajan teu silih pelong tapi sorana panjang-anjang ibarat kuring jeung manéhna
Ngobrol galécokna jero haté
 
Rarambu leuweung masieup geger gunung nu dilimpudan halimun
Sisi langit dirénda ku méga hideung ngadingding mepekan sumpek ati kuring
Ngocomang iraha urang patepang
 
Hiliwir angin mawa kaasih nu nyangsang dina pucuk eurih
Luntur ku murubut ci ibun dibarengan hujan isuk isuk miripis prus prisna reumis
Maruragan mapay pipi asa peurih karasana 
Ngadagoan anjeun datang ngalanglang bareng jeung sumorot cahaya srangéngé ngedalkeun kahayang urang duaan
 
 
Rancabali, 25-04-2024:08.55

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *