6 April 2025 03:51
Sastra dan Budaya

Isuk-isuk Panungtung Indung 

Isuk-isuk Panungtung Indung

(Tatang Rancabali)

 

Poé éta nu panungtung

Salira ngelol tina panto

Bari cumarios, “barudak cageur”

Teu lila da anggoan na jalibreg, mulang ti kebon

Kuring jeung indung budak ngahiap ema, keukeuh teu daékeun unggah

Waleranana ” moal, kalotor”.

Anjeunna ngaléos ninggalkeun pakarangan imah kuring nu heureut.

 

Isuk-isuk kuring gura-giru nepungan heula ema jeung bapa, dék ka uleman babaturan gawé, hajat nyunatan anakna.

 

Biasa lamun dék indit-inditan kuring sok sasanduk ménta do’a aranjeunna.

 

“Ma, pa abdi dék kaondangan di Lémbang” ceuk kuring harita.

“Nya bral cing salamet, tapi anteur heula ema ka kilinik, sapeupeuting teu bisa saré.”

“Ka dokter mana?” Ceuk kuring

“Ka dinya ka mantri Sukri.”

 

Kuring ngabéjaan emang, adina ema nu boga mobil kol dolak, ménta dijajap ka mantri.

Sajajalan ema teu Cumarita saukur imut ngagelenyu tapi semu aya nu dikemu, teu kedal.

 

Di palataran kilinik, reg mobil eureun, kuring gura-giru nyokot nomer antrian, kabeneran rada leuir ka digeroan mantri.

Kuring unjukan ka ema, “ma, abdi mios heula.”

“Nya bral, kadé ati-ati.”

Kuring ngaléos tapi asa béda tisasari, teu sumanget. Tapi ahhh maksakeun indit, sabab tos ditarungguan indit babarengan.

Karék satengah perjalanan, kapilanceuk nitah mulang buru-buru, padahal can nepi ka tujuan.

Ema tos mulang…

Kuring ceurik balilihan, nganaha naha ka diri sorangan. Naha teu ngungkulan.

Geuning éta téh isuk-isuk nu panungtungan.

Pasirluhur Rancabali, 22-12-2024:06.34

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *