7 July 2024 01:00
Sastra dan Budaya

Harianeun

Harianeun

(Tatang Rancabali)

Kuring neuteup anteb gunung Tambakruyung
Liuh linduh ku tutuwuhan
Ajeg rajeug éndahna tatangkalan
Lukisan alam ku atra nyata

Dipasieup ku haseup ngebul ka alak paul
Mumbul ka luhur mapakan méga
Les ngiles sakedét nétra
Kabawa ku legana téténjoan

Hiliwir angin leutik ngadalingding nebak awak
Tumaninah asa aya nu ngahihidan
Ngaragragkeun késang tina dada ngaliglag
Ngalelerkeun lungsé capé baranggawé

Angin téh bet ngabadagan
Mirig hujan ngaririncik
Malahan caah cileungcang
Nungrat ngagaréndang dina kaca jandéla
Duuuuh ku harianeun

Rancabali, 13-04-2024:16.30

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *