6 October 2024 05:48
Sentuhan Qalbu

Haharéwosan

 

Haharéwosan
Dedeng S. Mutakin

Bismillahir Rohmaniir Rohiim,
Haharéwosan téh hartina ngomong laun ditompokeun kana ceuli batur supaya ulah kadéngéeun ku nu lian. Dina babasan mah aya anu disebut “haréwos bojong”, hartina omongan anu diharéwoskeun tapi kadéngé ku anu deukeut ka anu diharéwosan. Dina adab hirup kumbuh mah teu dikéngingkeun haharéwosan duaan dina mangsa keur aya tiluan, anu ngabogaan fungsina mah pikeun ngajaga perasaan jalma anu katilu-na, tina eusi omongan anu diharéwoskeun, najan bisa jadi alus dina eusina omongan anu diharéwoskeunana téh.
Tampolana Haharéwosan téh penting dipigawé dina hiji kaayaan mah ku sabab bakal leuwih éféktif dina erongan hasil tina sawangan anu dipkahayang tinekanan, mangka teu kurang-kurang haréwos anu positif jadi bahan ijiran ku para pamingpin pikeun nyieun kawijakan anu hadé pikeun rahayatna.
Ningali anu diwincik dina surat al Mujadillah ayat 7 tepi ka 10, ngeunaan _protap_ haharéwosan téh dimeunangkeun asal ngabogaan sabaraha sarat diantarana, ; ulah ting haréwos pikeun ngalampahkeun dosa jeung mumusuhan sarta pikeun wangkelang ka rasul, tapi pék haharéwosan pikeun ngalampahkeun kahadéan jeung takwa,sarta geura tarakwa ka Allah anu ka Anjeunna maranéh bakal dikumpulkeun.” Kaunggel dina ayat ka salapan
Di nu ayat ka tujuhna, Allah ngunikeun, Allah Maha Uninga kana sagala perkara, wiréh, “…henteu aya anu lian saurang ogé ti antara tilu jalma anu haharéwosan anging Anjeunna anu kaopatna, jeung kitu deui henteu aya anu lian tinu limaan, anging Anjeunna anu kagenepna; jeung heunteu aya anu lian ti anu kurang atawa leuwih ti anu tadi anging Anjeunna anu nyarengan maranéhna najan dimana waé ogé maranéhna ayana,….”
Upama salian ti cara haharéwosan saperti kitu mah, mangka haharéwosanana téh bakal pidosaeun, upama hahar éwosanana téh duaan, mangka anu katiluna sétan. Kumargi _produk_ jeung _output_- na tina haharéwosanan dosa jeung mumusuhan, jeung pikeun wangkelang ka rasul. Nandangan anu tumiba saupama aya haharéwosan dina pidosaeunana pikeun jalma mukmin mah teu ngamadorotkeun, salah sahiji contona dina taréh, kasakséni, wiréh, tahan dina tigin kana taat ka Allah tina haharéwosanana anu ngajak wangkelang ka Allah, pikeun Nabi Ibarahim a.s apan janten saréat ibadah Qurban.

(Disarikeun ti Ustadz Drs. Faridl Al-Amin dina Pengajian Al- Furqan, Bojongkunci)

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *