4 July 2024 10:16
Sastra dan Budaya

Fiksimini: Agustusan

Fiksimini : Agustusan

Ku: Abah Wandy
 
 “Nu penting mah kabeh galumbira, ngareuah-reuah tujuh belas agustusan, lamun tea mah aya milik sarerea muga we sing meunang hadiah duit anu gede ti Lurah, tapi tong diharepkeun teuing, da ieu mah ngaranna oge ngareuah-reuah,” ceuk Kang Ipin muka carita
 
Katingali Ibu-ibu meni sumanget bari masing-masing nyoren blek anu meunang ngahias ku warna anu sarua. Hareupeun kantor, grup kirab marching blek ti RW 02 geus siap-siap, ti isuk keneh kabeh anggota geus ngumpul. Bando flowercrown beureum bodas geus diterapkeun di unggal topi, luyu jeung baju anu kontras dirarawisan ku tali rapia anu meunang nyebitan ipis-ipis, teu kaliwat karembong disolendangkeun
 “Adduuhhh si Nini meni gaya kitu. Ema-ema itu si Nini meni gaya,” ceuk budak parawan anu lalajo bari nunjuk ka Ninina anu ngajingjing simbal, pareng rombongan marching bleck ngaliwat ka lemburna.
 
Serengeh si Nini seuri atoh pedah aya nu nanya
 “Cageur Nyai, ieu Nini mah hayang hiburan bari ngajagjagkeun tuur,” tembalna nyelang kaluar tina barisan bari sasalaman
 “Alhamdulillah Nini, sehat danget ieu mah,” tembalna
 “Hey Nini itu barisan geus jauh, “ ceuk nu lalajo bari nyenghel
 “Aeh, poho. Hampura Nyai, keun engke deui we ngobrol mah nya. Ti heula indung maneh nyarita ka Nini cenah butuh entog, omat ka imah we nya geus garede ayeuna mah,” tembalna bari ngudag barisan
 
“Ha ha ha … Emh Gusti anu Maha Suci, abong Nini-nini, keur ngadrumblek oge nyelang heula silaturahmi, bari teu poho dagang entog beu asa kabina-bina teuing,” ceuk nu lalajo sejenna
“Ma haji timana heula ?” ceuk komandan lapangan rada muncereng
“Eta aya dulur Ma Haji ngajak ngobrol bari nanyakeun entog,” tembalna lempeng
 
“Beu Gusti anu Maha Suci. Paingan sora simbal tadi ngadak-ngadak ngiles, horeng pamaena keur pancakaki bari nawarkeun entog,” gerentes komandan lapangan meni gereget, tapi kituna teh bari keom kagugu ku kalakuan Ma Haji Neni anu sakapeung sok gehgeran 
 
Abong umur geus cueut ka hareup, teu kuhanteu pamaen drumbleck nu ieu mah elodan pisan, abong Nini-nini gehgeran teu kaop ningali aya anu ngarengkenek, miluan ngigel, teu kaop aya nu ngajak selfie diladangan, pajarkeun karunya cenah. Ngan untungna teh lamun ngadenge sora lodong henteu langsung tiarap, ukur nyebut kalandepna we, he he 
 
“Ma Haji … Ma Haji, kamana nya ? beu geus euweuh deui wae,” ceuk Drum Major bari culang cileung neangan Ma Haji Neni nu teu kanyahoan geus ngiles deui
 
“Ieu Ma Haji mah Nyai di dieu, teu kuat hanaang hayang nginum,” tembalna kasampak keur ngalekik nginum bari andiprek deukeut Pos Ronda dirariung kunu lalajo
“Kadieu atuh tong kamana wae, apan keur tampil ieu teh,!” ceuk nu saurang
“Teu kuat ieuh hanaang Ma Haji mah, untung aya nu ngasongan,” tembalna bari ngahuapkeun gegetuk
 
Jeung deuih abong geus kolot, nyadakeun simbal kumaha ceuk manehna we, kumaha karep, kumaha ingetna, jeung kumaha hayangna. Ari waktuna kudu disadakeun kalah cicing, henteu cicing kasampak keur ngengklak we jeung nu lalajo. Atuh sajajalan teu weleh seuri akey-akeyan ningali kalakuan Ma Hajjah Neni anu harita jadi mascot acara drumbleck tujuh belasan. *** Cag ah
 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *