4 July 2024 10:46
Sastra dan Budaya

Carpon: Wiwirang di tréning bodas

Wiwirang di tréning bodas

(Ku Tatang Rancabali)

 

Geus sababaraha poé kuring muriang, nya kitu wé tadina mah panas tiris biasa, teu diwaro, kencling deui unggal isuk mancén gawé balik mokét kadang wanci surup karék nepi kasarakan.

Meureun awak téh protés, geus dibéré tangara kitu teu digugu. Ahirna kuring nambru teu bisa walakaya, awak asa remuk satulang sandi nyareri, sirah asa bareurat. Antukna leng kapiuhan, duka teuing sabaraha waktu lilana.

Sajeroning kapiuhan, ingetan ngacaclang ka alas jeung jaman boa. Alas naon ngarana, boa iraha waktuna kuring teu apal.

Bakating ku kesel ngagugulung kanyeri nu masih kénéh napel, kuring maksakeun indit néangan kilinik atawa dokter nu muka isuk kénéh, maksud téh ulah nepika pabaliut diperjalanan.
Srog anjog ka hiji kapalataran dokter praktek, can kaciri aya tanda-tanda daratang pasén. Barang ngarérét ka hareup katangén dokter nu dék didatangan téh naék kana mobil alus, duka naon merekna, duka pajéro duka Fortuner pokona mobil gedé alus deuih.
Bakating ku rusuh kuring luncat megatan mobil bari ngagorowok,
“Pa dokter abdi badé lalandong!”
Ceuk Kuring
Ari éta dokter kalah molohok melong.
Rét kuring ngarérét kana awak sorangan, da rarasaan taya nu anéh ti barang indit ogé.

‘kuring nelek-nelek papakéan, ana bréh téh calana tréning nu karék dipaké dua kali, ngangkarawak uwak awék lebah hareupna, reup geuneuk ray pias nu tadina rék uubar téh asa getihan deui, teu antaparah belenyeng wéh teu nolih ka nanaon.

Cag ah(*)

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *