15 March 2025 02:59
Sastra dan Budaya

Panggung Kosong

Panggung Kosong

(Tatang Rancabali)

Hung Ahung nu ngariung ngagimbung bingung
Cing hariung ting haregung
Kerung késangna renung

Korsi nu beresih ngajajar rapih
Ngahiap hiap lalinggih
Para tatamu alajrih
Ngantosan pamingpin pinilih

Panggung kosong ngabalandong
Taya wakca keur ngawangkong
Sigrong pada noong
Towong ngan saukur dirogrog

Kuring ngulisik hayang nilik-nilik
Teuleuk sangkan teu melengek
Naha éta panggung bet kosong
Tétéla para inohong can manggung

Dispusipda, Soréang. 12-03-2025:09.53

Panggung Kosong

Panggung Kosong (Tatang Rancabali) Hung Ahung nu ngariung ngagimbung bingung Cing hariung ting haregung Kerung késangna renung Korsi nu beresih

Read More »

Pengertian Nuzulul Qur’an

EDISI RAMADHAN Jum’at, 14 Maret 2025 Jelang Nuzulul Qur’an Hari ke 14 Ramadhan Bismillahirahmanirahim Asssllamu’alaikum wrm wbrkt Pengertian Nuzulul Qur’an

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *