4 July 2024 10:16
Sastra dan Budaya

Balébat di BBPPMBV

Balébat di BBPPMBV

(Tatang Rancabali)

 

Récétna manuk mapaésan isuk-isuk
Sorana patémbalan tina sayang nu kalimpudan ku daun
Nguniang mapag carangcang tihang
Mangsa balébat ray-ray datang

Lalay reuwas kagareuwahkeun
Bur ber hiber néangan guha
Nu kabeurangan nyusup dina daun cau
Lep teu témbong deui
Nganti poék éngké soré

Srangéngé meleték nyingraykeun daun muncang
Nyay cahya na nyuaikeun dahan
Bray caang narawangan
Langit hibar

Balébat munggaran mawa karingrang
Pigawéeun nampeu nu kudu disorang
Kahariwang datang kadang megatan
Tapi ku kuring baris disanghareupan
Nedunan tugas nepika tuntas

 

BBPPMBV Cibabat Cimahi,14-05-2024:05.27

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *