7 July 2024 01:13
Sastra dan Budaya

Milangkala Kabupatén Bandung ka-383

Milangkala Kabupatén Bandung ka-383

Ku Erum Rumiasih

Mujaér mirip jeung Nila
Keuyeup mah mirip jeung rajung
Duh Wilujeng milangkala
Mugi Bandung teras nanjung

Amengan ka Cikapundung
Direncangan ku Téh Nunung
Alam Kabupatén Bandung
Éndah dilingkung ku gunung

Ti Cicadas ka Cipadung
Dilajeng ka Bojongsempur
Jaga riksa alam Bandung
Ulah dugi reksak tumpur

Munjung téh kudu ka indung
Nu ngandung tur ngarawatna
Mumule wewengkon Bandung
Basa sareng budayana

Lamun melak tangkal gadung
Ulah di dapuran awi
Mugi Kabupaten Bandung
Gemah ripah loh jinawi

Cikancung, 20 April 2024

 

 

 

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *