5 October 2024 15:59
Sastra dan Budaya

Hanjelu

Hanjelu

(Tatang Rancabali)

Pucuk gunung karimunan halimun
Ngajajapkeun sang hyang Surya
Cahyana mimiti puyar
Kabawa rasa ngolémbar

Hujan nu turun ngagebrét
Kiwari ngembeng cileuncang
Ngondang Tonggérét soré saméméh poék
Anteurkeun balébat meungpeung caang tunggang gunung

Gumuruh cai solokan
Ngan saukur sakedapan ilang
Cai mulang heunteu nyangsang
Ngagulidag limpas mapakan solokan

Kuring nganti-nganti ti kamari
Nungguan manéhna datang
Tapi ambon sorangan
Nu dipiasih leungit kagémbang cileuncang

Pasirluhur, 14-04-2024:13.39

 

 

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *