7 July 2024 01:06
Sastra dan Budaya

Tingtrim

Tingtrim

(Tatang Rancabali)

Jangjang peuting nu mimiti ngalingkup
Nutupan soré nu nyérélék ka poék
Rérégan alam ngagésér lalaunan
Reup sareupna

Pamirig miripis niisan ati
Satutas beurang morérét bayeungyang
Ningnang hariwang ilang honcéwang
Datang waras jagjag waringkas

Langit angkeub haleungheum kurun
Méga hideung nu ngadingding mepekan alak paul
Ngalelewang jalma nu keur rumingkang
Mapaésan nu tunggara ku lara balangsak

Sariak layung nu tunggang gunung
Mayungan balungbang hirup
Sangkan bisa ngarobah kasempetan
Ngadagoan cahya bulan dibulen mangyuta béntang baranang digagana tanpa aya kahariwang

 

Rancabali, 04-04-2024:17.57

 

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *