7 July 2024 01:51
Sastra dan Budaya

Neundeun Tineung ka Peuting

Neundeun Tineung ka Peuting

(Tatang Rancabali)

Kuring cunggelik bari diuk dina sisi dipan nu geus umuran
Lésang baris pagilinggisik
Leucir bakating ku mindeng antel

Rus ras waas kagagas ku lalampahan
Tadi beurang naon waé nu disorang
Bruh bréh narémbongan
Ménta tinimbang saacan ajal nepungan

Reup panon dipeureumkeun
Hayang ngilangkeun kaceuceub
Nu nanceb pageuh ku geugeuleuh
Ngabalur diri ku mangrupa doroi

Peuting nu sok méré pépéling
Sangkan ati terus nyaring
Éling gumeling kanu ngalingling
Nu méré béda beurang jeung peuting

Pasirluhur,12-02-2024:23.24

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah pada 6 Juli 2024Naning Kartini (Guru Ngaji SDN Ciawigede Majalaya) Semoga almarhum diampuni dosanya dan

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *