4 July 2024 10:24
Guru ParigelOpini dan Kolom Menulis

Rampak Maca di SMPN 2 Rancabali

Geus jadi kabiasaan saban poé salasa minggu kadua unggal bulana SMPN 2 Rancabali ngayakeun rampak maca nu ceuk ilaharna mah disebut readathon téa. Ieu kagiatan téh luyu jeung tarékah pamaréntah dina raraga ngaronjatkeun minat baca siswa nu kawilang masih kénéh handap.

 

Di SMPN 2 Rancabali kagiatan rampak maca geus dimimitian ti sababaraha taun katukang. Upama ditilik tina tiap kagiatan, rampak maca geus némbongkeun mangpaat nu pohara gedena, diantarana réa siswa nu jadi resep maca nu antukna ningkatkeun prestasi akademik. Lian ti éta, katembong robahna karakter siswa jadi leuwih boga adab tur démokratis. Siswa jadi leuwih intelék tur bisa ngajénan batur. Ieu luyu jeung hakékat mangpaat tina maca buku, apan maca buku téh maca pikiran batur jeung ningali pikiran batur. Ku mindendna maca buku, siswa ogé jadi leuwih bisa ngahargaan pikiran jeung kamandang batur.

Dina rampak maca bulan ieu, SMPN 2 Rancabali kagunturan madu meunang anugrah rehna kenging pangrojong ti Kecamatan Rancabali nu ngirimkeun Motor Baca Kelilingna pikeun nepungan siswa-siswi SMPN 2 Rancabali nu keur ngayakeun rampak maca. Katingali antusias siswa-siswi nu kacida gedena pikeun maca Buku-buku anu aya dina Motor Baca. Siswa-siswi aranteng maca dina jam istirahat, satutasna ti eta barudak oge madungdengkeun naon eusi buku anu geus dibaca. Teu ngan ukur siswa, guru-guruna oge milu maca koleksi-kokeksi buku anu disadiakeun ku Motor Baca.

 

Cindekna, Motor Baca Kecamatan Rancabali jadi béntang lapang dina poe éta. Tina ieu kagiatan urang bisa nyindekeun yén minat maca siswa téh geuning masih kénéh aya tur bisa nguniang lamun dirojong ku kagiatan-kagiatan nu rancagé. Ayana tarékah ti sakola pikeun ngaronjatkeun minat baca ieu kudu dirojong ku pamarentah boh pangrojong nu mangrupa sarana ogé prasarana. Cag, pamugi masyarakat Kabupatén Bandung jadi masyarakat nu beradab alatan maca.(*)

 

-Eka Kurnia, Rancabali 04-

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *