6 October 2024 00:41
Sastra dan Budaya

Guligah

Guligah

(Tatang Rancabali)

Peuting téh asa ku jempling
Réhé combrék tiiseun taya dangiang
Sepi tingtrim paripurna
Diri ngan dibarengan ku toktrékna jarum jam

Panon gé hésé rék peureum
Najan rohangan dipoékan
Kalahka nambah guligah
Awak gulinggasahan

Saukur nempo lalangit
Bilikna nu robah warna
Belang lain pupulasan
Kasaput ku umur kasapih ku wanci

Diluar kadéngé sora gaang disada ngoncrang
Silih timpah jeung sora cihcir di pipir nu melas melis
Sakapeung kareungeu aul babaung ti kajauhan

Ieu téh tangara naon
Kuring teu surti
Sanajan nu ka piati aya gigireun
Awak guligah tambah marudah
Ukur kedal dina rasa
Gerentes jeroeun dada
Ngocomang mangyuta do’a
Mugia taya sulaya diri kuring jeung manten-Na

Pasirluhur, 12-02-2024:22.59

 

 

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *