Babasan Jeung Paribasa
Babasan Jeung Paribasa

Kecap babasan jeung paribasa mangrupakeun conto nyata kabeungharan kecap basa Sunda. Babasaan biasana dipake pikeun ngagambarkeun kalakuan, perasaan, sifat, atawa kaayaan sapopoe hususna urang Sunda. Babasan mangrupakeun ucapan anu ngutamakeun kana harti konotasi atawa harti injeuman, lain harti anu sabenerna. Dina basa Sunda babasan geus aya patokanana (pakeman), anu geus puguh entep seureuhna nyaeta dipake keur babandingan sipat hiji barang atawa sipat kaayaan, lolobana sok ngagambarkeun pasipatan jalma. Conto : Gede hulu, hartina adigung. Didago-dago tilewo hartina anu didagoan teu daek datang. Hambur bacot, murah congcot hartina babari nyarekan tapi berehan. Heueuh-heueuh bueuk, nyebut heueuh tapi teu jeung hate, oge wawuh munding hartina wawuh meueusan bari teu nyaho saha ngaranna
Kecap-kecap babasan teu bisa dikurangan atawa ditambahan ungkara atawa kekecapanana, komo dilemeskeun atawa ditarjamaahkeun kana Bahasa Indonesia bisa jadi robah harti. Didago-dago tilewo jadi diantosan tilewo atawa ditunggu dari lewo, maenya wawuh munding jadi kenal sareng munding, oge heueuh-heueuh bueuk di-Indonesiakeun jadi iyah-iyah burung hantu
Paribasa
Paribasa masih keneh kaasup basa pakeman.
Paribasa oge sarua jeung babasan teu bisa dirobah ungkara atawa kekecapanana kitu deui teu bisa ditarjamaahkeun kana Bahasa Indonesia saperti piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir maenya jadi burung pipit menggoyang-goyang bukit, paling aya babandinganana conto kacang poho ka lanjaran, sarua jeung kacang lupa akan kulitnya sumber 1000 babasan jeung paribasa Sunda, sumber sejenna google*** Abah Wandy

Beralaskan Rumput Sintetis, Bupati Kang DS Resmikan Lapangan Upakarti Soreang di Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung
Peresmian rehab lapangan upakarti (foto: iman) HIBAR -Peringatan Hari Jadi ke-384 Kabupaten Bandung lebih istimewa dengan wajah baru Lapangan Upakarti

Hari Jadi ke-384, Bupati Bandung Fokus Tingkatkan Kualitas SDM dan Pemerataan Infrastruktur
Pasukan PGRI hadir dalam upacara (foto: iman) HIBAR – Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Bandung menggelar upacara peringatan Hari Jadi Kabupaten Bandung

PRESTASI SERAP GABAH YANG MENGANDUNG RESIKO
PRESTASI SERAP GABAH YANG MENGANDUNG RESIKO OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Tanpa diinformasikan Pemerintah pun, masyarakat mengakui, upaya menyerap gabah petani

BELAJAR MENERIMA RANGKAIAN TAKDIR
MUHASABAH SHUBUH Senin, 21 April 2025 Bismillahirahmanirahim Assalamualaikum wrm wbrkt BELAJAR MENERIMA RANGKAIAN TAKDIR Saudaraku, Belajarlah menerima rangkaian takdir yang

Pameran dan Kontes Bonsai Lokal Terbuka “Bedaskeun Bonsai” Mencintai Alam dan Lingkungan
HIBAR – Perkumpulan Penggemar Bonsai Indonesia (PPBI) Kabupaten Bandung melaksanakan pameran dan kontes bonsai lokal terbuka “Bedaskeun Bonsai” di Taman

“HARIRING KURING”
“HARIRING KURING” OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Salah satu kearifan lokal sekaligus kekayaan folklore yang dimiliki suku Sunda adalah hariring indung.