6 October 2024 09:37
Opini dan Kolom Menulis

Fiksimini: Jumping Frenchmen Of Maine

Jumping Frenchmen Of Maine

Fiksimini
Sastra Budaya
Ku : Abah Wandy
 
 
Jumping frenchmen of maine eta mah ceuk Bahasa inggris, lamun ceuk basa Sunda mah gehgeran tea, anu hartina kabiasaan nurutan omongan atawa kalakuan batur nu keur disanghareupan kalawan teu dihaja lantaran kasakit saraf. Bisa wae reaksi spontan atawa involunter anu biasana sok kaleuleuwihi lantaran manggih kareuwas anu ngadadak, reaksina bisa ku kekecapan anu jorang, jeung kasar atawa ku gerakan anggota awak.
 
Memang bener pikaseurieun, malah ku sabagean jalma mah sok ditanggap, cenah itung-itung hiburan anu haratis, lumayan tamba manyun, batan bengong teu puguh mending nanggap Ceu Eha Si Raja Gehgeran kitu pokna teh, tapi ari enggeusna sok ngarasa karunya, watir kana warugana, katingali bangun nu capeeun, malah beh dituna mah sok ngarasa dosa, pek bandungan. 
Harita Ceu Eha balik ti pasar tas balanja katingali rebo nakeranan, babawaanana aya anu disuhun dina nyiru sarupaning bungbuahan jeung sayuran atah, aya oge anu diakod, biasana sok dieusian ku ajangeun deungeun sangu, tahu, tempe, endog, jeung oncom, lamun anu dijingjing ku manehna sok dieusian ku sarupaning daging hayam, daging sapi, lauk, atawa asin
Keur jongjon leumpang rek muru balik, sabarisan tentara keur latihan fisik lari pagi katingali sumanget pisan nyiap Ceu Eha nu ngadak-ngadak ngajanteng bangun nu reuwas. 
 
“Tu, dua, tiga huh, tu, dua, tiga huuh,” pokna kompak bari nyiap Ceu Eha nu ngajanteng mawa balanjaan. Meureun asa kagugu, teuing kumaha mimitina, Ceu Eha miluan baris, awak sigep bari gogorowokan niron tentara, poho babawaan, poho dirina, tungtungna poho sagalana. Barang balanjaan anu dijingjing teuing dimana lesotna, kitu deui anu disuhun rapluk maruragan teu dipirosea, Ceu Eha jadi riweuh miluan baris, poho dinaon- poho dinaon
“Tu, dua, tiga huh,” Ceu Eha ngagorowok nurutan tentara sumanget pisan 
Unggal jalma nu kaliwatan ningali kalakuan Ceu Eha anu miluan baris, lolobana mah kalah nyeungseurikeun bari surak badag, tapi diantarana aya oge anu mangkarunyakeun, kitu deui tentara nu keur baris katembong antara hayang seuri jeung hayang nulungan, tapi manehna ukur bisa kekelemesan. Rek nulungan sieun disetrap komandan, kitu deui lamun seuri, tungtungna ukur tutunjuk ka unggal jalma anu ningali nitah nulungan ku basa isarat
 
Ngan untung aya ibu-ibu anu katingali saumuran jeung Ceu Eha, haat nulungan bari mulungan barang balanjaan anu maruragan, kop kana jingjingan jeung nyiru anu geus kosong, bari teu eureun gegeroan ka Ceu Eha sangkan inget kadiri
“Nyai … Nyai, sing inget ieuh,”pokna bari mulungan balanjaan
 
“Nyai … Nyai,” pokna deui. Tapi anu digeroan mah hare-hare kalah terus miluan lari, tungtungna diudag bari dikenyang leungeuna
“Nyai … Nyai ieuh sing sadar,”pokna bari ngenyang leungeun, katingali kesang renung dina tarang maseuhan tiung, pastina geus jauh lalampahan Ceu Eha miluan lari pagi. Ret Ceu Eha ngareret ka tukang horeng kapilanceukna
“Nyai sadar ieuh,”pokna deui bari ngagugujeg awak
 
Ceu Eha
“Astagfirullahaladzim Ya Alloh. Duuuhh hampura Euceu abdi ngariweuhkeun…,” jawab Ceu Eha bari andeprok dina taneuh. Sadar, segruk ceurik *** Cag ah
  

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *