5 October 2024 22:23
Sastra dan Budaya

DI TUNGTUNG LEMBUR

DI TUNGTUNG LEMBUR

Ku Zen Zaini SMPN 1 Solokanjeruk 

Aya nu tingtrim di tungtung lembur
basa sariak layung mayung gunung
mulas wiati ruhruy ngempur
luhureun ngeplak umyang pibuateun

Aya nu tingtrim di tungtung lembur
basa manehna ninggalkeun tegal ngemploh
ngawih hariring nungtun munding
mulang ka kandang
marengan kérak, jalak jeung cangkurileung
ngampih kana iuh-iuh mahoni sisi pasir

Aya nu tingtrim di tungtung lembur
basa urang ngojay patinggejebur
di leuwi hérang canembrang
témbong lélé, paray, jeung hurang

Aya nu leungit di tungtung lembur
sawah ngeplak jadi pabrik batur
bincarung, tikukur, jeung manuk haur
béjana geus lila tumpur
sabab pasir nu lembok nyingkur
dilegleg ku jlug-jleg gedong laluhur
impun, keting, beunteur kari ngaran
dibaruang walungan nu jadi jarian

Aya nu ilang di tungtung lembur:
katingtrim


Majalaya, 2018

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *