6 October 2024 11:25
Sastra dan Budaya

Ngudag Balébat

Ngudag Balébat

Ku Tatang Rancabali

 

Saung lisung nu aya ditungtung lembur
Kiwari ukur ngajengtul
Ngahintul
Teu nempokeun unggul tempat para indung ngarahul

Bray Balébat nu sakolépat
Nyaangan panineungan
Kasuat-suat ku mangsa lawas
Rus ras moal kungsi laas

Subuh-subuh ting kalentrung
Paadu halu jeung lisung
Nutuan heucak paré ti huma
Barungah guligah gumbira

Ayeuna ukur waasna
Alam robah rupa Marwah
Asa seunggah
Sanajan nyingkahan mangsa susah
Hirup miyuni balébat
Ngan saukur sajorélat

Rancabali, 12-07-2023:05.36

Muhasabah Diri

Semangat SubuhSabtu, 5 oktober 2024 BismillahirahmanirahimAssalamu’alaikum wrm wbrkt MUHASABAH DIRI Saudaraku,Kadangkala dalam seharian kehidupan kita tak sadar ada tutur kata

Read More »

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN

SOLUSI DIVERSIFIKASI PANGAN OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Benar yang dikatakan Proklamator Bangsa Bung Karno ketika meletakan batu pertama pembangunan.Gedung Fakultas

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *