TAUN ANYAR
TAUN ANYAR
Sawareh jempe dina matapoe ngararasakeun nyongkabna dunya ngahuru dada-dada raca, dada-dada tatu,
ngarerab jajantung nu geus lila ngaradang kudadasna dosa beulah mana jatining suci?
nu kenca nu katuhu geus rimbil ditiir gindi pikir geus patulayah ditigas sarakah jeung amarah
Dina ceuli-ceuli nu rebing
geus ditompokeun hariring kingkin
nu ngarasula pedah kabeakeun alas proyek rehabilitas pasilitas antara wangunan atikan jeung alat-alat kasehatan
nu bangkenu pedah teu kabagean nawu ngaharewos nepikeun pangarep napsu
ngung-ngong ceuk ieu adil ceuk ieu sah ceuk ieu bener
teuing atuh teu nyaho ceuk cacah bari rumanggieung nahan lapar jeung hanaang
Renghap-renghap pondok karasa ngawirahma dina haroshosna sora ieu artos kanggo salira ieu mobil kanggo salira
sakapeung paselang renghap birahi
ngahebos kana beungeut-beungeut limit dihiias liquid
ramo-ramo ranggoas ngaranggeum dada nu neuhneur disuntik silikon geus kitu taya nu nyora taya nu daya
ngalempreh patunjang-tunjang dibalut dosa
Dina taun anu anyar ieu
walehkeun geusan mungkas lalakon koneas katambias dina jalan-jalan leucir tanpa semir
urang alewohkeun ku karumasaan dina kateudayaan urang incah tina jalan salah
mugi dina widi Gusti
1443 H POE MUNGGGARAN