20 January 2025 22:42

Paturay Tineung Para Pengawas SD di Lingkungan Disdik Kabupaten Bandung Bersama A. Dian Dihanudin S.Kom,M.Ak Kabid Bidang SD

Previous
Next
 
HIBAR PGRI – Acara paturay tineung para pengawas SD di lingkungan Kabupaten Bandung, alhamdulilah dilaksanakeun di hotel Grand shunshine Soreang Bandung dina dinten Rebo, 7 Desember 2022. 
 
Acara dibuka ku Kabid SD dan Bidang Kurikulum, A. Dian Dihanudin. Saméméh acara dibuka, para tamu dipapag ku léngsér jeung upacara adat ti tim kreasi seni para Pengawas SD Disdik Kab. Bandung. 
 
“Acara lumangsung lancar, hidmat pinuh ku kabungah. Para pupuhu anu purna jumlahna aya 35 jalmi alhamdulilah tiasa sumping.” tutur Neneng Yuni Pengawas SD Solokanjeruk
 
“Mugia para pengawas anu purna sehat walagri mulus rahayu aya dina panangtayungan Alloh Swt. Para pengawas anu masih kénéh tandang tambah dangiang mawa komara, saluyu sareng téma acara” Nu undur ginulur rahayu, nu tandang bagja waluya. Cag! ***(imn)

MAN JADDA WAJADA

MUTIARA SHUBUH Senin, 20 Januari 2025 Bismillahirahmanirahim Asallamu’alaikum wrm wbrkt MAN JADDA WAJADA Saudaraku, “Man jadda wajadda” adalah pepatah dalam

Read More »

“BALUNGBANG”

“BALUNGBANG” OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Arti balungbang dalam bahasa Sunda adalah saluran air yang besar serta dalam untuk menampung air

Read More »