24 January 2025 23:26
Sastra dan Budaya

Nyawang Gunung Pasosoré

 
Nyawang Gunung Pasosoré
(Tatang Rancabali)
 
Langit lénglang sakedapan
Cigah nu maturan kuring ngalangeu
Bray lalangsé nyingray
Pepedut pating baliur mabur ka alak Paul
 
Mumunggang nembrak némbongan
Tatangkalan Rajeg ngajega
Dauna pating arulang
Cigah anu ngagupayan
 
Rét ka beulah kalér ngampar pasawahan wewengkon rawabogo nu ngémploh héjo
Kaselang ku gunung Padang kajauhna Gunung Tangkuban Parahu, Burangrang jeung Bukit Tunggul
 
Nyérangkeun ka beulah wétan katara kota Banjaran
Kahalang ku gunung tilu anu nembus ka Pangaléngan kebat neumbag Gunung Wayang
Awal mula hulu Citarum
 
Malik nilik-nilik ka beulah kidul
Ngajugur gunung sepuh nu pengkuh
Ngajentul teu weléh ngungun
Nungguan dunya 
 
Nojo deui malik ngulon
Teu karasa panon poé geus ménggok 
Lingsir seja léngsér
Ngaleupaskeun lalangsé nu nyéséké
 
Halimun mimiti turun lalaunan ngarimunan gunung
Patemu jeung cahya layung anu ngempur hurung
Saluhureun Gunung tambaga guruyung
 
Rancabali, 21-02-2021:17.07

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *