25 January 2025 00:17
Sastra dan Budaya

Mieling Poe Basa Indung Ku Erum Rumiasih

Mieling Poe Basa Indung

Ku Erum Rumiasih
 
 
 
Duh reuwas aya buhaya
di basisir Pangandaran
Sampurasun ka baraya 
Neda widi sisindiran
 
Liwet nganggo endog asin
ditambihan pais peda
Ulah hilap ulah isin
nyarios ku Basa Sunda
 
Sok sono ka Dayeuh Bandung
anu nyimpen panineungan
Basa Sunda basa indung
basa wewengkon Priangan 
 
Duh haseum buah markisa
Nuangna gé asa-asa
Basa téh ciciren bangsa
aya basa langgeng bangsa
 
Kang Sulé getol ngaronda
ngaronda di Bojongsempur
Yu mumulé basa Sunda
poma ulah dugi tumpur
 
Amengan ka Cikapundung
Henteu lali mekel jeujeur
Ku miara basa indung
Basa Sunda mugi nanjeur
 
#ngotret_Rum
# mielingpoebasaindung
#21 Februari 2023
 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *