18 April 2025 05:18
Sastra dan Budaya

Lalangsé


Lalangsé
(Asep Suhendar, SDN Margahayu 13)

Layung
Anu jumeneng
Di basisir haté
Mangrupa wajah
Anu ngarajah
Kahirupan rongkah
Reujeung léngkah

Kuring
Anu yatim dina diri
Sabab boga kasieun
Ngeunaan raray
Anu lungkawing
Teu bisa dipancal

Haté anjeun
Leuweung geledegan
Anu neundeun pananya
Panas barannan
Lain hayang maca sajak
Ngeunaan katresna
Tapi, hayang rupa anu béngras
Ngarah kuring
Bisa babalik pikir
Yen anjeun anu ngagem milik diri

Hampura
Sujud kuring
Ngan ukur laku
Ngagem ukur
Hampang bukur

Gunung Halu, 2016

Berita Duka

Innalilahiwainailaihirojiun Telah Berpulang ke Rahmatullah Hj. Teti Yatmikasari, S.Pd, MM Kepala SDN Majalaya 09 Kab Bandung Semoga almarhum diampuni dosanya

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *